NGANTI

Jumat, 13 Desember 2013



Mimiti tunggara ku papaes diri
Mihelas Kamelang ku hariring ati
Pikeun mibanda pahetna jangji
Dina papada lengkah nu jauh kahalangan wanci

Warta harita nu katarima
Gening satuhu keneh dina karumasa
Micinta nu baheula karasa
Masih ajeg ninggang rongkahna mangsa

Geulis bebendeh nu geus maneuh
Kunaon ayeuna bet jauh
Hariwang ku diri alatan kanyaah
Sieun sangkakala ngahanas panggugah

Jol datang
Ubaran ieu kamelang
Pungkas ieu kahariwang

Sugan isuk pageto katempo
Dina rupi nu ku diri di gero
Dina naon nu payus dipikarido

Sampurasun
13 Desember 2013

Hujan poyan

Selasa, 10 Desember 2013


Hujan poyan
lagragan mihanas kahariwang
nyawang panghareupan nu kaliwat
ngarangrangan ngulik pangubaran

Hujan poyan maseuhan lamunan
dimangsa butuh ku jawaban
diwaktu papada nonggong
bati kamari nyieun ruhak ku sabab

Naha teu ingeut baheula
basa sasadiaan pikeun sampeureun ayeuna?
duaan hudang lugai tina sigai
malapah dina lengkah nu tara'ti
silih tuntun ku iteuk kamelang

Pileuleuyan kabeh
hujan poyan ningalan tapak karumasa
naon nu kungsi aya
naon nu kungsi jadi ku waktu
Kiwari Ukur waasna ningang harepan
Dimangsa Kedal ku polah
Dimangsa narima naon nu lain kuduna


Sampurasun
09 Desember 2013

PANASARAN

Jumat, 08 November 2013



Nyeungceum ku kedal
ngubaran kapanasaran baha
nangtukeun hiji sabab ku waktu
dina mangsa mijadi nu kuduna.

Lila ngitung ka tungtung
sok hariwang mijadi harti
hanas sasadiaan
ninggang ciri miendah kahanjakal

Sok hayang geura kasampeur
mulak malikeun nu kacipta tadina
nangtung dina dahan nu hanap
sok sanajan jauh ku gupai
dina ngeusian panempo
jeung ngajeroan nu katingali gorowong

Sampurasun
17 Oktober 2013

KABOGA

Senin, 30 September 2013




Milang mulung kaboga
Lir nangtung dina alas panyumput
Karumasa anggang ku wanci
Rumaos teu miboga jaman
Sok sanajan lumpatna tidieu.

Siloka kangkalung carita
Minuhan kapanasaran panggero
Hanjakal lamun nyaho ka jero
Moal kaliwat-
Geusan ti puhu nembongkeun ku harti.

Molongpong kiwari
Napakan nu geus di ceukeul
Nangtukeun hji panempo tur nenjo
Dina mangsa metik pangulik.

Nepi kamana baris diudag
Naon nu matak ngabukti
Dina naon nu kuduna kapimilik.


Sampurasun
30 September 2013

SALIWAT

Kamis, 26 September 2013


Bingung ku tungtung
Napakan Kana Rasa
Katresna Saliwat mibatur
Neundeun sakotret hareupan
Dina mangsa kakurung nu boga.

Asal muasal paamprok
Bet ka jirim rupa makalangan
Rupi nu jadi ciri terus ngunguntik
Hanjakal ku baha
Kabungah ngulik mulak malik kamelang.

Kaaku ku laku
Karasa ku raga
Kahayu ku nafsu

Kapentang na rasa saliwat
Mohokeun nu kuduna tuhu
Dina naon nu geus kapimilik.

Carita saliwat
Nuntun kabagjaan sakotret
Nuntun pucuk tigirang
Nuntun panggupai dina jero panglarang

Sampurasun
26 September 201

CUMARITA

Kamis, 12 September 2013



Cumarita nu jadi panglakon.
Lir nunda harapan ku pangjurung.
Tapak ancik tur ngulik.
Jadi sabab mibatur panganteur.
Dina nudunan Kahayang jaman.

Rongkah ku kahayang.
Sanajan kapareuman ku arah.

Cumarita nu jadi panglanglang.
Kaiuhan ku panglarang.
Kahujanan ku pangjurung.
Saenggeus papada apal,
Kana naon nu jadi bukti ku hareupna.

Rentang ti kajauhan papayung.
Minuju panggupai tuhu.
Hampang babawaan tur beurat ku indit.
Sanajan bari di sorang.
Naon nu jadi kunaon.
Jeung Naon nu pastina kahontal.

Sampurasun
11 September 2013

LALAKON

Kamis, 05 September 2013



Waktu Harita-
Lir warta sajeroning carita-
Ngumbar miagul kaboga-
Nembongkeun sakumaha nu karasa-
Yen di jalan nu ieu ngampihna-
Jeung di tempat itu tujuana-
Sakumaha kedal nu kuduna.

Kiwari-
Jadi lalakon pukahna harti-
Naon nu kungsi ngahiji-
Ukur liliwateun kalinih ku junti-
Hanasmah rohngkah ku tadi-
Nudunan kahayang wanci.

Naon atuh kahayang anjeun...!
Nembongkeun tur nyumpurkeun-
Ninggalkeun tapak jeung tujuan-
Leret satukangeun-
Lebah mana nu can ka cumponan?

Mulak malik bet kapikir-
Dunya baris pinangih jeung akhir-
Carita nu kungsi diukir-
Nudunan pangajak takdir-
Sanajan mibanda sabab tipengker-
Sanajan ngabeda  ku banda nu jadi panganteur.

Sampurasun
05 September 2013

PILEULEUYAN

Selasa, 27 Agustus 2013



Ngamimitian neuteup pangjurung qolbu,
Neda ningali ti kajauhan,
Ngagupayan pikeun neundeun hiji ciri diri,
Diri nu butuh ku kanyaah,
Kanyaah nu kungsi ilang.

Ninggang mangsa nu robah,
Mukakeun nu jauh tur anggang,
Gening datang sakumaha nu dipihareup,
Hiji wanoja mapag panggero manah,
Nalian jangji pikeun salampah satujuan.

Ti harita,
Loba waktu nu kaliwat,
Loba carita nu kalakon,
Loba jalan nu katincak,
Duaan ngalanglangan milampah kabungah.

Bet teu kasawang di tadina,
Naon nu kungsi aya,
Naon nu ti baheula di arep-arep,
Ayeuna ukur ngeusian lamunan,
Ayeuna ukur carita tur karasa,
Kaendahan tinggal waasna,
Ngeusian waktu katukang.

Baal keneh karasa ucapana,
Haneut keneh karasa usapana,
Teu karasa waktu sataun satengah babarengan,
Asa kamari urang panggih dina jalan pasimpangan,
Ayeuna papada jauh,
Alatan cara jeung panggupai nu lian.

Hanas bebeakan neundeun kanyaah,
Hanas Agul nembongkeun ka dunya,
Bakal boga nu hurip.

Pileuleuyan kabagjaan,
Pileuleuyan carita endah urang,
Anjeun geus boga nu lian,
Ukur do'a nu nganteur kabagjaan anjeun,
Sanajan rungseb nu karasa,
Sanajan TIGIRANG BIJILNA ETA CAI KIRUH.

Sampurasun
Kange Pun Sobat
27 Agustus 2013





MATAK

Sabtu, 27 Juli 2013


Oyag na dahan ku angin,
Lir ngagupayan mere beja ti anggang,
Naon nu jadi nanaon ayeuna,
Tina nu awalna katepi,
Sanajan Kaingetan ku poho.

Buntutan kiwari,
Inditna saukur ngajauhan nu baris deukeut,
Datangna nawa beja nu nyumput,
Lir tidieu sakabeh pucuk tadina.

Teu kasawang,
Alus mimiti ngahaja ngendahan pamungkus,
Bari karasa ayeuna,
Ku nyaho baris karasa,
Nu jadi matak kabeh incah,
Tina dauan dina jero ingon-ingon.

Nepi kana waktuna engke,
Dina kahayang nu ka punahan,
Jeung naon nu ceuk pikirna bener.


Sampurasun
27 Juli 2013

JEMPLING

Rabu, 17 Juli 2013

Ku jempling kageuing
Neundeun sakeclakna hariring
Mapay urat nurut rumingkang
Dina mangsa ngeusian bongbolong.

Ku jempling kahudang
Mihareup sajabaning pasti hurung
Napakan nu tadina kasarung
Neda ngandelan panca nu asing
Nyumput dina sakotret papayung.

Loba keneh geuning sampuereun nu can kasorang
Bet can keneh nepi sakumaha nu jadi tungtung
Nikreuh ku eta sadar kana kahayang
Kana naon nu kuduna nangtung
Dina naon nu pastina beunang.


Sampurasun
17 Juli 2013

GUPAI KARMA

Jumat, 05 Juli 2013


Bentang ngalanglangan maturan hate...
Nalangsa nandangan panggupai karma...
Hiji tapak neang ku waktu...
Dina Mangsa paheut kana naon nu kungsi diteuneun.

Bentang ngiceupan ku sabab...
Nitah nyumput dinu caang...
Ngakeup nu kuduna diais...
Sanajan Nete ku angsrodan.

Hampura geus kagok karasa...
Inggis nu encan sarupi ku ieu...
Sanajan kahalangan waktu sakotret...

Hampura...
Ku nyaho kapohokeun...
Ku aya ka euweuhkeun...
Kiwari Karandapan ku sampeur...
Linglung lir kasarung...
Dina tempat jeung waktu nu saeutik.


Sampurasun
04 Juli 2013

CIRI

Selasa, 02 Juli 2013

Ciri sajeroning diri.
ngawujud conto.
yakin pasti.
sadar ku eta.
elmu nu bisa ngajawab.

Payus jadi hasil.
ngahias raga.
minyaho nu deukeut.
dina ciri nu kafikir.

Nepi kana waktu.
rumasa rasa pamuka.
euweuh nanaon teu miboga.
Hanjakal.
saeutik pisan.
ka ala ku loba.

Hanjakal.
harti can nepi.
katanyaan tujuana.
sewang-sewangan nu kuduna ungeuk.

Hayang patemal-temal.
nganyarkeun harti.
muka nu katutup.
ngeusian nu kosong.
sangkan euweuh nu kapiceun.

Sampurasun
02 Juli 2013

HIRUP

Waktu hirup ngan ukur ayeuna_

Narimakeun nu datang bari usaha_

Hasilna kudu di syukurkeun_

Keun Tong di inget-inget waktu Kamari_

Ripuhna ukur nepi kadinya_

Nyaankeun lampah pikeun nu ayeuna disorang_

Ranggeuyan isuk nu masih keneh goib_

Ibaratna tong jadi siksaan diri_

Riungkeun niat, lampah katut tekad_

Kade poho ka kurungan.

Sampurasun
01 Juli 2013

HILIWIRNA ANGIN


Hiliwir angin,
Lir harewos manehna,
Ku ayeuna baris anggang,
asih munggaran nu kungsi nyeungitan,
Nyeungitan hate neundeun kadeueuh,
Sakumaha kungsi aya,
Dina kaendahan waktu katukang.

Hiliwirna angin,
Jadi batur tunggara,
Ngantosan jangji pasini bakal datang,
Miharep naon nu kuduna,
Balik kana tempat asalna mimiti.

Iraha atuh jungjunan?
datang,
Waktu nu mana,
Jangji nu kungsi ditalian,
Ngabukti ngubaran tunggara.

Bet waas ku anggang,
Hiliwirna angin jadi panganteur lamunan,
Lamunan kaendahan jeung hariwang,
Lir nyiptakeun jawaban sorangan.
Dina tempat mimiti jeung pungkas,
Kaanggang urang mawa hiji carita.
Kaanggang urang Mawa jalan kagigir.

Sampurasun
28 Juni 2013

PANGLUMPATAN

Sabtu, 22 Juni 2013

Kasab panglumpatan-
Lir nyumput sajeroning halimun moyan-
Ningalkeun hurungna seuneu-
Samemeh datang naon nu jadi ubarna.

Lain sieun kunu lian-
Lain lumpat tina nu geus deukeut-
Jadi amit lamun kudu pakait dina hiji buah-
Jauh tina ukuran-
Pangjadi ngalantaran tisasari-
Naon nu sakuduna seungit-
Naon nu kuduna hudang mimiti.

Loba nu teu kajawab-
Patarosan nu mawa akar lian-
Lir dauan nu jadi sabab tina nanaon-
Sanajan tigirang bijilna eta cai kiruh.

Cunduk kana waktu ayeuna-
Ngagupayan nu bakal datang-
Ngantosan nu bakal nyaangan-
Sok sanajan bisi ngalangkangan-
Mamantes nu moal jadi dipapantes.

Sadar atuh..
Panjangkeun emutan nu payus-
Tembongkeun ka ahengan sakuduna-
Sakumaha nu mimiti kungsi katingali-
Sakumaha kuduna nu jadi panutan.

Sampurasun
22 Juni 2013

TAPAK KASALAHAN

Kamis, 13 Juni 2013


Tapak kasalahan...
karasa riged ku ayeuna
teu kasawang ti anggang
karumasa bakal manjang ngeusian lantaran.

Tapak lalakon bareto...
hiji ciri nu ngajadi
ngahaja dituntun ku ayeuna
antukna naon nu kuduna bukti
jauh tina ukuran-
ukuran kahayang pikeun melaan nu karasa mimiti..

Asa ka heurinan lengkah
asa di udag-udag akibat
lir ngalangkangan sajeroning peuting
geusan ngahujanan sajeroning beurang
sanajan nangtung dina puhu nu pasti...

Tapak Kasalahan
Buntut jalan baheula
Mapag bubuka nu anyar
Nembongkeun paleuwih ti bareto
Sakumaha lantaran sabab
Sakumaha kasangupan titadina...


Sampurasun
11 Juni 2013

HUJAN LEUTIK

Jumat, 07 Juni 2013

Hujan Leutik...
Lir bari ngajajap panggupay..
Ngahalangan sakuduna nu jadi kumaha...
Samemeh nepi kalayan katepi...
Miboga ngaran pikeun ngarandapan...
naon nu jadi sabab dina ranggeuyan akibat...

Hujan Leutik...
Nyukcruk mapay mapay papayung...
ngamimitian lengkah mibanda kehayang...
Sok sanajan nyumput sajabaning pasti...
Naha nu mana jawaban nana...!
Asa asing nu katempo...
Sanajan dina jalan nu munggaran...

Rungsing ku bisi...
Hujan leutik jadi sabab kapegatna niat...
Hujan leutik jadi ngaran nu tungtung...
Sanajan geus pasti...
Kana naon nu samemehna aya...
Jeung naon nu saenggeusna ilang...


Sampurasun
6 Juni 2013

Kalampah

Kamis, 23 Mei 2013

Kasorang ku sorangan...
nincak pucuk tadina liwateun hungkul...
ngala lalampahan sajeroning pikulan..
tah lebah ditu muragna...
dina tempat jeung waktu mimiti papada amprok...

Guratan tidinya...
mawa tapak nu salamina aya...
nyukcruk lamunan mapay implengan...
nya saha nu kudu di benerkeun...
sanajan dua nana papada milih jawaban...

Inggis ku bisi...
geusan ti itu...
aya sampakeun jaga..
ngarogahala kana gagahna jaman..
tur nuturkeun sakumaha kalangkang halimun...

Hayu Papada Ngarti..
Sampurasun 23 Mei 2013

Sarangenge

Jumat, 03 Mei 2013

Sarangenge nu moncorong
nyeungitan wanci mukakeun jalan
neangan nu kuduna diteang
naon nu jadi kabutuhan
dina jero kawajiban
tur ngistrenan tuhu sakumaha kuduna
tina hiji nu jadi tujuan.

Caang isuk jadi mimiti
mimiti lengkah pikeun milampah
ngabukti saur ngajadi panganteur
nganteur kadaek pikeun ngala..
nyokot pibatureun hurip
dina mapag nu bakal kasorang.

Sarangenge nu moncorong
hayu papada lumpat
nganjang kapoe pageto pikeun nempo nu aya ayeuna
katuhu lengkah jadi mimiti
kahiji dina naon nu jadi hareupan.

Sampurasun
03 Mei 2013

Pucuk Tigirang

Selasa, 23 April 2013

Kaembung dina jero kahayang...
nutupan akal ngalakukeun nu lain kuduna..
kahayang kapaksa ku kaayaan..
nuntun jalan buntu...
dina waktu dunya nyarek kana naon nu geus jadi..

Deudeuh teuing...
kapaksa dina kasalahan datang jeung miang...
nyaah teuing...
ngadua jirim sampayeun dina pawenang..
ilang ngukur jeung ukur neundeun kalangkang...
ngahaja meulahan diri ku panglarang..

Inget kana eta...
lir hujan ku cipanon...
ngabaseuhan hanjakal baha...
karunya nu ilang mibutuh ku sabab...
naha make di teang nu antukna waktu kalah ngaruntagkeun...

Mugia ulah jadi rengating penggalih...
naon nu dipaksa jeung ngabukti nu lain waktuna...
hampura ngamimitian tur nginditkeun...
hampura geus nuntun pucuk tigirang...

Sampurasun

Hiji Catetan

Jumat, 19 April 2013

Hiji catetan...
catetan lawas carita urang duaan...
duaan basa papada mekarkeun kembang katresna...
katresna dina tumpukan kanyaah...
kanyaah anu munggaran nitipkeun kamelang.

Hiji catetan baheula...
baheula basa ngamparkeun kaheman...
kaheman nu jadi papaes hareupan...
hareupan pikeun bela salawasna..
salawasna rek satuhu babarengan.

Naha kiwari bet ngarangrangan...
ngarangrangan mijadi lamunan...
lamunan nu tinggal waasna aya..
aya miguraan catetan jalan katukang...
katukang nembongkeun pipisahan...
pipisahan tina nu kungsi ditalian..
ditalian nu tadina anjangeun ayeuna.

Hiji catetan nu hanjakal..
hanjakal teu bisa nepi kana naon nu jadi impian..
impian, harepan ngan seret lamunan...
lamunan nganter pukasna hiji carita...
carita nu kungsi dipiagul.

Sampurasun
19 April 2013

Mangsa

Kamis, 18 April 2013

Sajeroning ngeukeupan wanci
ngudag-ngudak arti pangarti
sangkan antukna ngancik dina diri
tungtutan mangsa mibutuh nu leuwih tikamari
cumponan hareupan nu ngajadi

Robah nu ninggang kana mangsa
netelakeun yen hirup ieu fana
naon anu kasorang aya
naon nu kungsi jeung bakal kacipta
lir aya dina ingon tunggara

Hayu papada saluyu
mibanda jalan nu tuhu
milampah ku harti dina jeroning kudu
mugia niat kuat harepan nu tangtu.

Sampurasun
18 April 2013
 

Kenangan Kelam

Rabu, 17 April 2013

Goresan kelam sebuah perjalanan
terangkai dengan beragam dilema
tercipta melalui sebuah loncatan panjang
tentang apa yang seharusnya dan untuk apa seharusnya
terhadap yang semestinya ada.

Tulisan sebuah pencapaian
mengisahkan diri merangkai sebuah sejarah
memastikan sebuah kehilangan
dan membuka peluang untuk saling memiliki
walau dalam sebuah garis kehilangan.

Banyak yang telah terjadi
membuktikan pada semua
menuntut sebuah kutukan
dan menyadarkan sesuatu hal yang baru
bahwa jalan lain masih ada
walau harus melangkah dengan sebelah kaki.

Catatan kelam selembar kisah
menyesalkan penjumpaan
dan melukiskan rangkain akibat untuk saat ini
terlebih membuatkan seribu jawaban
tanpa harus melihat sebuah pertanyaan.

Pencapaian yang indah
untuk sesuatu yang diandalkan waktu
perhelatan tanpa membutakan kedua mata
walau hanya satu tangan yang menerima semuanya
untuk sebuah akhir dalam babak baru
dan untuk memahami semua arti.

Kenangan Kelam
17 April 2013

Hening Peuting (Kembang Lamunan)

Heningna Peuting
nempokeun katunggaraan
ngahudangkeun bayang implengan
nyadarkeun yen naon nu kungsi aya
ayeuna ukur jadi kembang na lamunan

Heningna Peuting
hayang bisa karandapan deui
carita nu kungsi ngeusian jerona hate
carita nu endah minuhan jalan
carita nu jadi kabanggaan diri

Hening Peuting
ukur katunggaraan nu nganteur nyata
geusan baheula papada incah
kiwari butuh ku naon nu tos leungit
kanyaah nu pernah aya ngabuktikeun
hanjakal waktu megatkeun
samemeh tepi kana kuduna


Hening Peuting
sanajan moal karandapan deui
inggis ngan ukur ngeusian endahna waktu katukang
gening tos gaduh jalan tanggung jawab eta
bet kunaha ieu teu bisa nyumputkeun kanyaah
miharep kasampeur deui
waktu katukang basa silih tungtun dina jalan rumpil

Hening Peuting
mukakeun sakabeh bubuka
naon nu kungsi kasorang
jeung implengan nu jadi harepan.

sampurasun
17 April 2013

Barang Nu Anyar

Selasa, 16 April 2013

Barang nu anyar...
anyar miguraan diri pikeun milampah
milampah kahirupan dina garisan waktu
waktu nu hade dina jeroning lengkah
lengkah kamari lain nu ayeuna
ayeuna beda jeung nu engke estuning robah.

Barang nu anyar ngamumule...
ngamumule dina garisan takdir
takdir lir taraje anjangeun luhung
luhungna ibadat kagunturan madu menyan bodas
bodas keur bahan lukisan nu kuduna.

Asa lebar lamunmah can bisa nganyarkeun...
nganyarkeun pikeun ngabales nu kuduna eta
eta pikiraneun urang sajeroning ngarti
ngarti yen nu anyar hiji tanggung jawab.

Barang nu anyar...
anyar dina tujuan
tujuan miboga nu leuwih
leuwih tinu geus aya sangkan bisa ngayakeun.

Sampurasun

Papasangan Baheula

Senin, 15 April 2013

Papasangan baheula...
datang dina waktu geus kagok jauh.
panggih dina tengah kaembung.
jeung indit dina kahariwang kahayang.

Manehna netelakeun nu baheula kungsi leungit.
manehna ngajak deui nincak tapak bareto.
basa babarengan dina luhungna tujuan.
basa harita silih akeup dina sagara kaasih.

Bagja lamunmah masih keneh nu baheula ieu diri.
bagja lamunmah katempo ku sabeulah.
hayang deui mun inget kana carita nu kungsi kaalaman.
nanging geusan baheula.
tos aya nu linggih didieu.
tur bisa narima sakumaha nu kungsi ditemongkeun ku anjeun.

Papasangan baheula.....
ngaku diri masih miharep.
kabuka nu kungsi kaalaman.
basa urang panggih deui dina waktu nu lain kuduna.

Teuteup anjeun masih nu bareto.
imut anjeun masih kawas baheula.
deudeuh teuing lain eukeur salira deui ieu kaboga.
sanajan dugi ka kiwari tetep kula mikanyaah.

Beurat lamunmah emut kadinya.
naha atuh baheula anjeun bet miang.
mugia dia sanes waktos.
kasampeur ku nu leuwih ti kieu.
sanajan masih bisa karasa satukangeun tongong.
carita nu kungsi ku urang di tulis.

sampurasun

Wanoja



Meuli asakan gudeg nangka...
dituangna pas adzan subuh...
Bet kayungyun itu wanoja...
sae rupa tur lunguh ampuh...

Tamakang sisi kiara...
ngarumai ka jero talaga...
Akang nyaah kasalira...
rek micinta salamina...

Ngaukis layung sisi gunung...
neangan lauk ker batur ngariung...
Randa geulis loba nu hayang...
cik ah sugan kabandang...


Sampurasun

Kalangkang

Kalangkang....
maturan ngajajap tunggara.
nempokeun nu nembongan ilang.
nyarita miboga batur nu satuhu.

Kalangkang...
maturan diri ngajajap wanci.
jadi antosan sangkan bisa ngaliwatan.
ngaliwatan geusan ti carita nu pukah.

Kamana Leungitna ayeuna?
meureun katutupan ku gantina waktu.
eweuh deui nu satuhu maturan.
ukur kalangkang pangjajap carita ieu.

Kalangkang...
jirim anjeuna nu pernah narima.
ciri anjeuna nu salamina bakal aya.
sanajan zaman robah ngailangkeun sakuduna.

Sieun lamunmah terus kieu.
waktu nu mana baris karandapan.
naon nu kungsi aya jeung meungkeut deui nu kiwari pegat.
kalangkang ciri baheula mibawa carita...


sampurasun
15 April 2012

Malikeun Wanci

Lamumbah bisa malikeun wanci...
ciri nu jadi matak leungitna ayeuna...
narimakeun sabab tina kasalahan baheula..
lampah lir neundeun letah tiheula..
lampah ngaluncatan tapak nu geus aya...
ya.. kaduhung kiwari...
ripuh gening raga mamawa kaasingan...
nganteur-nganteur napsu nu lain kuduna...
naha ayeuna bet hese rek ngarobah...
baheula asa aing miboga zaman...
manteng sajeroning kawasa,,
saha nu bisa nuntun kana ieu...


sampurasun
14 April 2013

Nu Bakal Datang

Sieun kunu can datang
Lir nyieun tangga pikeun ngajul bulan
ngajadikeun nu bakal jadi
tur nyumputkeun nu tadina aya
dina gagahna halimun moyan..

Luhung nu can datang
ngajirim mukakeun tali kurungan
ngajak incah saengges pageuh
lir hilir mulak malik panghariwang

Can tangtu meureun....
papada nyarek kanu bakal disorang
sugan aya nu menta basa tur ngala
dina ngabuktikeun naon nu jadi sabab ti eta.

sampurasun
13 April 2013

Nuluikeun Bahasa Baheula

Jumat, 12 April 2013

(Nuluikeun bahasa baheula)
- Lir nyokot nu moal karau...
- Nuna nu moal diteang..

(Nuluieun bahasa baheula)
- ukur katempo ti kajauhan..
ukur kateang bari moal kasampeur..

(Nuluikeun bahasa baheula)
- Rumpil dina dua jalan..
- Beda tapi maksa sarua..

(Nuluikeun bahasa baheula)
- Carita dina jero hanjakal...
- Tutulisan bari dicorat-coret ..

(Nuluikeun bahasa baheula)
- Moal neang nu kitu deui...
- Sanajan ngajangjikeun nu leuwih tikitu...

Sampurasun
12 April 2013

Eta

Rabu, 10 April 2013

Ieu lain nu lian..
lian tidieu moal kaditu lumpatna...
lumpat kana naon nu baris jadi mimiti...
mimiti nu hiji...
hiji nu butuh kunu rongkah...
rongkah mukakeun jalan nu lain...

Ieu nu ieu baris jadi kieu...
kieu kusabab tadina kitu...
kitu nanaona lantaran mibutuh...
mibutuh nu tadina dianggap bisa mawa...
mawa jalana jeung tangtu bareng ngajalankeun..

Hanjakal lamunmah inget...
inget deui basa narima nu leungit...
leungit tina ieu harita...
harita waktu geus kagok jauh..
jauh nikreuh tibaheula sanajan papada mawa harti..

Geuning mawa hikmah ayeuna...
ayeuna karasa...
karasa yen diri bisa nempo saluhureun ti eta..


Sampurasun
10 April 2013

Perpustakaan

Selasa, 09 April 2013

Lamun Urang Hayang Pinter
Teras Deukeutan Koncina
Nangtukeun Bakal Ngajadi
Diri Urang Pikeun Milampah Kahirupan
Pantona Ukur Buku
Ku Urang Buka Tur Baca
Cacanakeun Urang Pikeun Ngala Tujuan
Anjangeun Urang Dikala Butuh
Tuh Itu Gudangna
Naha Bet Hese Datang
Angkatkeun Sampean Kenca Katuh
Hurungkeun Niat Nu Poek Dina Hate
Tekadkeun Lebet Ka Perpustakaan...


Sampurasun
09 April 2013

Pantun (Maca Buku)

Daun Saga Daun Jamu
Katuruban Ku Dahan Nangka
Sok Gera Muka Buku
Ku Maca Konci Dunya Kabuka

Ngajaring Lauk Ditamakan
Rek Digoreng Jang Dahar Isya
Itu Gening Perpustakaan
Hayu Urang Budayakeun Maca


Gaduh Hiasan Tina Tamaga
Antik Rupana Ker Jualeun Sabtu
Aduh Geulis Pisan Itu Wanoja
Nuju Calik Bari Maca Buku

Sampurasun
09 April 2013

Pantun (Carita Baheula)

Senin, 08 April 2013

Melak Nangka Diastana
Rek Diala Jang Dahar Janari
Naha Atuh Lain Balaka
Meureu Tibaheula Urang Ngahiji


Nyieun Anyaman Tina Tangkal Awi
Pigurana Tina Tangkal Nangka
Lamunmah Panggih Deui
Rek Dibawa Sakumaha Janji Baheula


Daun Dadap Dipoe Garing
Nuang Kadu Hanapeun Kalapa
Meureun Ieu Hirup Urang
Kudu Lempang Dina Jalan Nu Beda


Sampurasun

Sugan

Selasa, 02 April 2013

Asa ku genah...
asa boga bugang sorangan..
gagah ceuk sakompetan anjeun..
rek nepi kamana kikituan?

Sadar isuk pageto bakal manggih nu anyar...
moal era kitu nyoronong jiga nu eweh nanaon..
teu karasa naon nu di piboga ayeuna..
jauh gening katingaleun ti batur...
jauh gening kaluncatan ku nu lian...
sanajan anjeun katutupan keneh..
teu bisa nempo kanu ku batur ditempo....

Lebar temenan...
dedeg sampe rupa hade...
nanging kurang kakurung...
ukur engke-engkean gening mun dititah sorangan mah...

Sugan we ah kahartieun...
sugan we nepi...

samprasun

Selamat Tinggal Kekasih Sejati & Selamat Datang Sahabat Sejati

Jumat, 29 Maret 2013

Api yang kunyalakan untuk menghangatkan hatimu yang dingin
menerangi harimu yang lelah
kini dengan terpaksa harus ku padamkan
karena ku tak bisa memberikan cahaya itu
untuk menerangi dua hati yang mengisi jiwaku.

Walau sesal yang kurasakan
begitu menggores menggores luka
dilubuk hati yang paling dalam
tapi hatiku lebih pedih lagi jika dia merasakan
kepedihan yang kurasakan dulu.

Walau kata hatiku berkata lain
tapi perasaanku berkata inilah jalan terbaik
waktu yang ku lalui bersama mu
takan pernah ku lupakan
walau bayanganmu menghilang bersama angin
walau hanya sekejap.
tapi itu sudah cukup bagiku
untuk menikmati rasa yang selama ini aku nantikan.

Bukalah pintu hatimu
untuk seseorang yang menunggumu disana
inilah saatnya....
aku harus merelakanmu, mengikhlaskanmu,
melepaskan genggaman tanganmu.
kemudian melupakanmu selamanya.

Walau tinggal kenangan
tapi akan ku ukir abadi didalam hatiku
dan akan kujadikan kisah ini sebagai bagian dari hidupku

"Selamat tinggal kekasih sejati &
 Selamat datang sahabat sejati"

17 Juli 2009
Memory

Anjeun

Kamis, 28 Maret 2013




Anjeun aya lain dina waktu nu payus
Anjeung datang dina jalan nu pada- pada nolak
Nanging ku anjeun..
Kula bisa robah..
Ku aya anjeun..
Panto nu bareto katutup..
Kiwari kabuka sanajan anjeun datang ngan ukur sakocepat

Anjeun datang nga mukakeun jalan fikiran kula,
Ngarobah tingkah polah kula,
Jeung ngajadikeun kula leuwih bisa narima..
Kana naon nu kuduna ditarima ayeuna jeung engke..
Dina jero tanggung jawab.

Teu maksud kula kieu..
Teu maksud nampik pangasih ku anjeun
Nanging dina leresan eta..
Naon nu kudu di lakukeun ku kula..
Bingung nu teu manggih tungtung..
Susah manah nu teu aya sudana
Nu tungtungna kula nyokot jalan ju buntu..

Hampura kula geus kitu ku kieu..
Mugia ieu jadi panyepret pikeun kula kahareupna
Sangkan bisa ngalakonan sagara pawenangan
Leuwih ati-ati dina mawa ngalengkah..

Sampurasun
27 Maret 2013

Kaharti..?

Hariring hate nu hudang.
narimakeun samemeh kaliwatan ku emutan.
jauh miheulaan tapak nu geus aya.
kamana lumpatna gening kalah susulumputan..!

Nyusul-nyusul nuu unggul.
neangan leutikna panganteur.
kaharti kitu yen ieuteh pikiraneun..!

Lir neundeun nu poho.
karagap deui sanajan geus jauh katingaleun.
suganteh moal kaalaman deui.
teu nyesakeun baheula nu jiga kieu.
boro lempeung teu ngalieuk-lieuk.
geuning langkung ti langkung ti baheula.

Rek iraha atuh menang nu pasti.
Lain erek tiheula baheulateh.
hanas dianteup dina waktu.
hanas ditingalkeun dina hanapeun panempo.
sok lah sanajan lain nu ieu.
tapi eta kudu bisa leuwih ti kieu.

Jigana kaharti...!
sanajan sare keneh kiwari.
kege bakal kahudangkeun.
ku nu sarua ti dieu.

sampurasun
23 Maret 2013

Angin Peuting

Peuting nu ngaheuning.
nyumputkeun sagara rasa.
netelakeun kaanggang nepikeun kaheman.

Hiliwirna angin.
lir sora nu nepikeun katresna manehna.
kajamparing ieu manah.
ka ancikan kadeudeuh nu pinuh.
saumpatna rasa ieu.
ngajadi bukti nu pasini.
kanyaah nu moal laas.
sanajan nepi ka bodas ieu nu nyacas.

Peuting nu mawa angin.
caang mun manehna bisa ngarasa.
sarupa jeung nu diteda.
sarupi jeung nu kudiri dianti-anti.
sanajan ngan ukur bawaning kilat.
sanajan ngan ukur karasa ku sukma.
lir ilang nulilir ku geuing.

Sok sing anteung dina kaendahan.
engke hiji waktu rek disampeur.
dina kecap janji nu bukti.

sampurasun
13 Mei 2013

Ngabukti

Datang wanci ngabuktikeun hiji ciri
ciri nu matri sayaktining diri
ngabukti pikeun nangtukeun papasten hiji
hiji hirup..
hiji nu hirup..
jeung hiji kahirupan...
geuning hese mun ukur bisa ngukur.
lain soteh itu tapi ieu mah ngagalur.
dina kecap nu tangtu mibanda saur...

Karandapan dina kahirupan.
loba nu meulit kana birit.
hampangna jiga mangku ku siku.
beuratna sarua jeung rupa.

Lamunmah bisa ka ala.
erek lumpat satarik kalangkang.
erek nyokot nu di luncatan ku batur.
jeung nyampeur nu dipihapekeun kana gagahna jaman.
sugan aya gantar kakaitan
beubeunangan kalayan tangan nu luhung.

sampurasun
03 Februari 2013

Katresna

Peuting mangsing cicing
miguraan hate nu mihareup panggeuing
peuting nu mukakeun katresna
bet kaemut rupi nu jadi ciri
ciri manehna nu pinuh ku kanyaah

Ayeuna baris karasa
kanyaah kadeudeuh kaasih
jadi hareupan sangkan bisa ngawanci deui
ngawujud dina raga nu pasti

Iraha kapibanda ku diri?
iraha datang sakumaha kuduna?
jeung waktu nu mana baris nuliskeun
lukisan pikeun ngahijikeun katresna ieu....

Inggis lamunmah kudu ka alaman
sieun ieu ngan ukur lamunan
eukeurna kitu ieu kanyaah..?
keur kuring kitu itu kadeudeuh..!
cikan hanyangteh aya lamaran basa
netelakeun sangkan pangeusi hate
lain ukur nu diukir tapi mawa takdir..

sampurasun
17 Januari 2013

Hariwang

Bulan nyaksi kana rungkangna diri
nyuluhan ku heningna peuting
ngagambarkeun naon nu matak ngajadi
sugan jeung sugan
aya basa nu menta
aya bisi nu pasini
mibanda katut ngaraksa
sakumaha nu diteda
gening kieu karasana..
jauh ku jauh
deukeut matak ngabeulit kana ruhiat
sugan udaganmah cicing
dina hanap jeung luhurna kahariwang..


sampurasun
11 Januari 2013

Mutiara Lisan

Rabu, 27 Maret 2013


Sebuah keindahan,,,, kumpulan semua keresahan,,,,keserasian semua waktu,,,dan kesalahan menjatuhkan sebuah pertimbangan,,,,indah, resah, waktu membutuhkan pertimbangan yang lurus,,,...selurus hati yang memegang sebuah tujuan,,,,

MIMPI          : menuntut kita merasakan dan harus terasa tentang sebuah arti,,,
BERUPAYA  : membuat kita lebih bisa dewasa,,,
TUJUAN       : tantangan untuk mengalahkan semua godaan,,,
JALAN          : hal yang menuntut kesabaran dan keteguhan yang lurus,,
dan AKHIR    : adalah harapan MIMPI dengan segala UPAYA untuk menyelamatkan sebuah TUJUAN yang pasti tentang JALAN yang harus kita tuju dengan sebuah keteguhan .



teriakanlah selagi masih ada kesempatan untuk berteriak....ingat dan jadikanlah lebih baik,,,semua yang pernah kita ukir dengan berjuta keresahan,,,hingga kita mengerti apa yang kita teriakan itu,,,akan mengubah semua yang kita Pastikan dahulu,,,...untuk menyongsong sebuah kehilangan...

jemput aku,,, bila tiba masaku untuk menggenggam semua nilai ini....lahirkan semua kedamaian...ciptakan yang mudah ku mengerti,,,walau ku tak seperti yang biasa...ijinkan aku tuk dapat semua yang menuntut arti sebuah keserasian....


salahmu sendiri mengapa kau terpengaruh....titik-titik noda tersimpan di dalam dada..guratah hatimu masih ada...hati kecil penuh janji,,,,


jika bukan karena sebuah kesalahan,,takan mungkin kita bisa lebih memilih,,,waktu yang terlalui...dan waktu yang terisi....untuk sekedar merubahnya menjadi jauh,,...dari hal yang semua orang larang,,,


Cinta satu minggu///
Malem senin       : Mulai Bertemu
MalemSelasa      : lalu menamu
Malem Rabu       : Terus Merayu
Malem Kamis      : Saling I Love You...
Malem JUm'at    : Kirim surat yang isinya cinta di tolak
Malem sabtu      : Sendiri lagi
Malem minggu  : Tinggalah minpi

tangisan kehidupan....tantangan mencapai sesuatu tujuan....senyuman keceriaan di esok...tergambar dengan butiran keringat.... saat ini,,,
dan indahnya di kemudian......lurus tercipta dari sekarang... dan bukan nanti...

di mana ada jalan disuitu pasti ada peluang...dimana ada peluang di situ kita bergerak mendapatkan sebuah inpian,,,dan dimana ada impian... kenyataan yang akan menjadi sebuah keharusan..dalam sebuah penerusan,,,,,,,,,

menerima apa adanya dalam sebuah ketulusan yang di balut keikhlasan,,,,sulit selama masih ada hati dua di diri

jangan bilang kita punya lebih...bila masih kita rasakan kekurangan,,,karna semua inti yang sebenarnya takan manpu kita dapat,,,bila kita masih ragu apa yang membuat kita seperti ini.. dan apa yang membuat kita merasa masih kurang dalam sebuah kepuasan...

Kemudahan dalam memilih menjadikan kita lebih lunak dari yang ada,,
kesulitan dalam menentukan hasil menjadikan kita terbelenggu dalam ketidak pastian,,
dan kesempatan dalam kemudahan dan kesulitan menjadikan kita lebih bisa pasti dari semua yang ada..
tentang sebuah pilihan yang membuat kita lunak dengan semua belenggu...

dan ingat bahwa cinta bukan tujuan hidup.. melainkan warna sebuah kehidupan...tujuan yang hakeki adalah kita manpu menemukan jalan yang telah ada..dan menjadikan kita hidup di jalan itu...walau warna lain menjadikan kita baru,,,,

mata hanay untuk menyentuh bagian luar dari sebuah keadaan,,,tapi kita mempunyai diri yang sejati dan rupa yang nyata,, yaitu hati yang lebih indah dari sebilah pisau...bagaimana memenukan keaslian orang lain dalam sebuah sifat...lebih dulu... kita tahu hati kita,, dan dengan sendirinya kita tahu dengan ketajamannya melihat bagaimana bentuk sifat seseorang yang bersembunyi di balik sebuah kelembutan....

Perubahan.......perlu bahan untuk melangkahinya.....di saat dan sesaat.....melewati dan dilewatiiii,,,hanya untuk sekedar bertanya,,,,...tanpa sebuah jawaban....


                        =====BY : Uchie Al-Fathu====

Jalu





Deudeuh teuing Jalu
Hampura lain teu bisa narima
Nanging dina lebah dieu
Can siap pikeun ngarepehkeun nu bakal kaalaman
Can siap nempokeun beurang pikeun nyumputkeun peuting

Jalu…
Meureun ieu jalan hidep
Meureun eta waktu anjeun
Ukur nepika janari
Nempo hesena sagara pana
Keun sugan engke pageto
Bisa kahijikeun dina jero rumasa
Bisa datang saperti nu geus disumputkeun..
Nu kuduna jeung pada jempe kabeh

Boro bingah harepan tungtung leugeun anjeun
Mugia bisa narima kana kaikhlasan ieu
Mugia ulah aya ruruhit geusan ti dieu
Sok datang deui dina waktuna
Bakal di teumpokeun nu kungsi leungit
Bakal di luhurkeun sajajar jeung diri
Dina naon nu geus jadi garis..

Wilujeung
Sampurasun

Hareupan

Senin, 25 Maret 2013





Geulis....
Bebendeh kolbu pamaes manah...
tibaheula urang ngimpi...
tibareto urang naratas jalan..
pikeun ngahiji dina tali sajati..

Syukur ku kersaning Gusti..
ayeuna eta hareupan bakal ngawujud..
ayeuna jalan geus kabukakeun pikeun urang duaan..
bagja nu teu aya papadana..
moal aya nu bisa ngagambarkeun..
sanajan ngareka-reka endahna basa..

Geulis Mutiara dipawenangan...
mudah mudahan mulus tujuan urang..
tujuan satuhu sapihanean..
pikeun ngadegkeun rumah tangga..
nu sakinah, mawadah jeung warohmah,,,

Geulis...
ku ieu niat..
hayu papada ngalangkah..
dina lengkah pikeun ngala tujuan nu rongkah..


Panghareupan..
9 Rajab 1434 H/19 Mei 2013 M

Kisah yang Tak Lagi Ada

Minggu, 24 Maret 2013

berpaling menyarankan sebuah keindahan
memandang lurus tanpa liku yang rumit
jauh sekali terasa berat
walau hanya sehelai daun merintangi

beban yang indah ini
melarang semua yang mendekati
membutuhkan apa yang dulu terbuang
dan mengisaratkanku untuk terus berpacu
walau tanpa letih langkah ini

bukan sebuah masalah
bukan pula sebuah anugrah
keduanya sama-sama hilang
saat aku dengan sendirinya hilaf
menginginkan apa yang tak lagi bernyawa

tak ada seperti dulu
takan pula berakhir dengan pasti
apa yang ku tulis
dan orang yang lazim
adakah semua kan kembali,,,?

hanaya sebuah angan menemani
saat semua menyuruhku untuk lakukan ini
dimanakah yang selama hidupku ada
kini hanya sepi yang tersisa

lakukan semua
walau harus berujung pahit
diantara kisah yang tak lagi ada...

Pangharepan

Ajeg dina hiji,,,
lir ngukir di awang ka anggang...
hese matri batan nembongkeun diri..
lamunmah bisa lumpat,,,
erek di bawa nu berat ceuk batur,,
rek di tingalkeun nu hampang ceuk tonggong...
teuing lebah mana jeung dimana..
sugan kasampak jeung ngancik dina kudu...
ieu rasa jeung nu dirasa sugan ngarasakeun...

sampurasun.....

Mimiti

Tiis nyecep ngubaran ku nyaan....
lir patungtungan nganteur kana rumasa...
sugan kaharti ku sabab...
ku mana jeung nu mana...
bisa ka jajap ka pangku ku siku..
nu mimiti jeung nu hiji..
nu matak jadi akibat jeung tanggung jawab..
sing ngajirim ngabukti ngawujud..
dina waktu jeung rasa nu di ceukeul.

sampurasun

Pepatah


Perlu sesuatu untuk mendapatkan sesuatu....
perlu kerelaan untuk sebuah tujuan,,,
perlu kedewasaan untuk hal yang sama,,
perlu ketegasan untuk hal yang berbeda,,
dan perlu kehilangan untuk menyongsong sebuah kehadiran...



Uchie Al-Fathu

IBUN WANCI

Jumat, 22 Maret 2013







Lir ibun nu laas ku caang
Ilang ku wanci ngawujud ngajadi bukti
Tiis lamun mah kudu kaleungitan
Dimana jeung nu mana baris mermanakeun
Naon nu ku diri di piheulaan kalayan ilangna eta ibun wanci

Sanajan beak ku jaman
Mipit ku amit ngahayukeun nu lami incah
Moal datang deui meureun itu ibun…
Sok mihareup sanajan aya nu ngawadahan
Asa aral ku baha
Naha bet datang poe nu ngailangkeun kaendahan
Ayeuna jauh mun di teang
Kamana kudu nyuksrukeun ieu lengkah
Gening ukur ieu nu salah
Teu baris narimakeun kana suku nu karek sabeulah
Leungeun nu karek ngagem ku ancikan sakotret

Deudeuh teuing diri pasini kagilih ku junti
Eleh nyanghareupan gagahna kahayang jaman
Kiwari karasa yen nu di pi agul
Ngaruntagkeun niat katut tujuan
Hampura nu ngagulung dinaa rasa
Diri teu mampu melaan katresna
Sugan isuk pageto eta leungit sakumaha laasna ibun ku wanci
Sakumaha nu ku manehna di pigandrung
Jug sing kabanda nu di teang
Keun antep nu geus di runcagkeun ku anjeun
Engke ge aya karasana  bongan ku akibat…

                                                                                                ualfathu@yahoo.com
            17 April 2012

Blog Archive

Buah Pena