Anjeun

Kamis, 28 Maret 2013




Anjeun aya lain dina waktu nu payus
Anjeung datang dina jalan nu pada- pada nolak
Nanging ku anjeun..
Kula bisa robah..
Ku aya anjeun..
Panto nu bareto katutup..
Kiwari kabuka sanajan anjeun datang ngan ukur sakocepat

Anjeun datang nga mukakeun jalan fikiran kula,
Ngarobah tingkah polah kula,
Jeung ngajadikeun kula leuwih bisa narima..
Kana naon nu kuduna ditarima ayeuna jeung engke..
Dina jero tanggung jawab.

Teu maksud kula kieu..
Teu maksud nampik pangasih ku anjeun
Nanging dina leresan eta..
Naon nu kudu di lakukeun ku kula..
Bingung nu teu manggih tungtung..
Susah manah nu teu aya sudana
Nu tungtungna kula nyokot jalan ju buntu..

Hampura kula geus kitu ku kieu..
Mugia ieu jadi panyepret pikeun kula kahareupna
Sangkan bisa ngalakonan sagara pawenangan
Leuwih ati-ati dina mawa ngalengkah..

Sampurasun
27 Maret 2013

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena