NYAWANG HAREUPAN

Sabtu, 31 Desember 2016

Judul : NYAWANG HAREUPAN
Tanggal : 31 Desember 2016
Pukul : 01.00 WIB
Label : Puisi Sunda
No. Karya : 0140

===========================================

Nyawang kakalang langlayung
cicing katalian najan bongan carakan
ningali bisi basa nyirip ciri
nyanghareup ngarep kahareup
ngagaung luhung dina kurung
salin lain nu ulin dina babasaan.

Kiwari ngawanci nyamat junti
teu bisa ku basa ka rampa
teu aya najan nyata karampa
nuduhkeun tangen nalian kaheman
najan ku saban inggis nyorangan.

Ku heubeul beuki ka igel
wanci nu datang nyamat diri
nimbalan papasan hareupan
nu nyampak dina tapak
nu nemrak ku caangna poek.

SAMPURASUN

Blog Archive

Buah Pena