IBU
mangsa jeung mangsa,,
nu robah jeung muru kanu anyar,,,
sajeroning eta,,
teu baris gedag kaanginan,,
teu laas kaibunan,,
teu luntur kahujanan,,,
jerooo kanyaah anjeun,,,
berat nyuhun berat narimakeuna....
naon nu di wariskeun keur kahirupan kula,,,
naon nu di amanatkeun ker kula,,
baris di jaga jeung di estokeun,,
tandaning kanyaah nu ngaleuwihan jerona sagara,,
hampura kula,,
nu can bisa jadi jelema nu saperti nu ku anjeun di harepkeun,,
hampura sajeroning nyunyuhun sirah,,
loba jeung loba pisan carekeun anjeun,,
nyanggakeun ieu diri,,,
mudah mudahan sing salamina matri dina sanubari,,,
ayeuna kula jeuh anggang ti hareupeun anjeun,,
doakeun sangkan kapanggih nu di cita-citakeun ku kula jeung anjeun,,
dina jalan jeung nu dijalankeun..
Sampurasun
0 komentar:
Posting Komentar