Angin pangbejakeun luhungna kahariwang
nu anggang ku waktu jeung pamolah sorangan
kiwari bet ngarumas ku anjeun
lantaran mibutuh hiji jawaban manehna.
Angin kirimkeun hiji siloka ku ieu
hampura nu jero sangkan mijadi gegero
inggis lamun can kaburu ku rau
naon nu ku manehna di ceungceum
alatan lampah polah kuring nu salah.
Bet hanjakal satukangeun
hanjelu naha baheula nurut panggero nafsu.
Sugan nepi kana sabab
sugan karasa ku rumasa
sugan mawa jawaban ku niat nu payus.
sampurasun
25 Januari 2015
S. Restian S.Pd.I