Geulis....
Bebendeh kolbu pamaes manah...
tibaheula urang ngimpi...
tibareto urang naratas jalan..
pikeun ngahiji dina tali sajati..
Syukur ku kersaning Gusti..
ayeuna eta hareupan bakal ngawujud..
ayeuna jalan geus kabukakeun pikeun urang duaan..
bagja nu teu aya papadana..
moal aya nu bisa ngagambarkeun..
sanajan ngareka-reka endahna basa..
Geulis Mutiara dipawenangan...
mudah mudahan mulus tujuan urang..
tujuan satuhu sapihanean..
pikeun ngadegkeun rumah tangga..
nu sakinah, mawadah jeung warohmah,,,
Geulis...
ku ieu niat..
hayu papada ngalangkah..
dina lengkah pikeun ngala tujuan nu rongkah..
Panghareupan..
9 Rajab 1434 H/19 Mei 2013 M