BENTANG LAMUNAN

Jumat, 08 Januari 2016

Judul : Bentang Lamunan
Tanggal : 07 Januari 2016
Pukul : 20.55 WIB
Label : Puisi Sunda

====================================

Bentang nu baranang
ngiceupan mibatur nganteur lamunan
nyawang hareupan katresna
nganjangkeun diri ngalanglangan nu anggang.

Bentang nu baranang
jadi banda tunggara rasa
miendah wanci nu simpe
nembongkeun cahyaning ati
lir nyarita ku ciri
pikeun nudunan naon nu geus maseuk
ngajeroan mapantes sanubari.

Beuki lila karampa
bewara ku peuting ngagambarkeun kahayang diri
ngandelan kanyaah ku lantaran lamunan
hayang paamprok najan ku poek
hayang kahontal jirim nu jadi panutan.

Bentang nu baranang
bejakeun ku hiji basa
titipkeun ieu lamunan
najan ukur harewos dina impian.

SAMPURASUN

Blog Archive

Buah Pena