PANEULEUMAN

Kamis, 29 Januari 2015


Bral lengkah mapah panggugah
Nyukurkeun paranti satekah jeung polah
Neangan bibit pituduh
Neda neuleuman nu can kapanggih.

Bral mudal nu geus pinuh
Nyangkring dina kalung lampah
Dina nudunan panggupai nu pukah.

Bral udag nu can ka suprih
Teuneun hartina dina surupna polah
Omat ulah diaku mun geus lintuh
Cicing dina sirip panyuluh nu istiqomah.

Sampurasun
29 Januari 2015

HAREUPAN ANYAR


Lir caang ku tembong bulan
lir peuting nu awas ku poe
hate karasa bingah miagul lampah
naon nu bareto jadi karingrang
naon nu baheula pinuh ku kasieun
kiwari kahontal dina kedal
hiji wanoja nembongkeun papayung kanyaah.

Ciri nu kagambar dina raray
rupi nu baris matok cahyaning diri
jiga kalayan beda ku raga
beut ngistrenan hareupan ku anjeun
naon nu baheula kungsi leungit
dina naon nu bareto kungsi ka ala.

Suganteh moal pinanggih deui jeung kaheman
pangjurung kanyaah dina payusna imut salira
ku eta jadi pacantel kabungah miendah lampah
dina tapak katresna.

Hayu urang saluyu jeung nu kudu
papada sarua jeung nu di teda
urang bewarakeun ka pangeusi raga
yen ku ieu baris nepi kana panghareupan
hareupan anyar dina jalan nu pukah.

Sampurasun
28 Januari 2015

MIHAREUP



Mihareup datangna bulan
kaasih diri miraga katresna
miawas panangtayungan kanyaah
ti manehna nu kasawang ku sukma.

Mihareup ku hanas
teu ka sasar tiawalna
kanyaah jadi panglajur sesempalan
geus lain udageun deui itu kaasih
salira balaka geus aya nu boga.

Bet jadi kembang lamunan itu hareupan
hayangmah incah tina ieu nu meulit
nanging beuki dieu kalah beuki kandel
naon nu geus di pilih ku diri
dina tapak waktu nu salah.

Sugan, jeung susuganan
ku kagok ka sorang
carita baris kalukis
dina hiji wnci manehna karumasa
jeung waktu nu mengkol kana panglumpatan
ayeuna atawa jaga.

Sampurasun
28 Januari 2015

Blog Archive

Buah Pena