CORETAN WANCI

Minggu, 03 Januari 2016

Judul : Coretan Wanci
Tanggal : 01 Januari 2016
Pukul : 21.35 WIB
Label : Puisi Sunda

====================================

Saban robah lir suluyupna iwung
neumrak nu mernah kalayan tumaninah
ngaleungeut mijadi ninggang nu ngarti
ngarandapan miheulaan katarima
patarema saling selang mibutuh
neda mapag pangjajap kaasih.

Saban nu nyaksi kalayan ngabukti
dina wanci miyuni lugai pacantel
pakait kalangkang ku kamelang
lir napakan ku simpe
najan aya dina surup pangliwat

Sugan nu robah nyirian takdir
lebah dinya nu baris di udag
kapalang jero kalayan katempo
jeung sangkan nu jadi bati tujuan
miguraan dua coretan wanci
nu mernah ku rasa jeung kanyaah.

SAMPURASUN

Blog Archive

Buah Pena