MINTURAGA

Rabu, 28 Januari 2015




Minturaga neangan caraka luhung
mepetkeun ciri sayaktining diri
sasampayan nu jadi lalakon
lir gorowong sampakan karumasa

Rigeud ku cara nu ngancik
teu kapanggih sulumputna kulah
najan nyangkring dina simul ceukelan.

Minturaga ngaleungitkeun pangakuan
teu miboga nanaon nu jadi kunaon
amit lamunmah masih keneh linglung
lir nu lemah kajurung ku najan.

Geuning teu pinuh-pinuh nu mudal
hanas agul ku boga
hanas cicing asa ka asuh
ku teu nyaho kapohokeun
dina naon nu masih keneh anyar ku siar.


sampurasun
27 Januari 2015

Blog Archive

Buah Pena