HUJAN KU POYAN

Sabtu, 05 Desember 2015

Judul : Hujan Ku Poyan
Tanggal : 04 Desember 2015
Pukul : 19.15 WIB
Label : Puisi Sunda

====================================

Lir hujan ku poyan
inggis lagragan maseuhan kaheman
mulak ku malik mernahkeun wanci
dimangsa mangsing cicing kalayan pageuh
naon nu jadi matak wateuk
tina gagahna rumasa nu laas ku panggero takdir.

Katempo ku juru hate
karampa ku awasna panon
naon nu jadi inggis ku bisi kalayan bisa
matak jadi peureum sabeulah
ku euweuhna nu aya
jeung aya nu miguraan tapak eta hujan.

Beuki lila beuki kandel
hujan poyan miharti jerona papasten diri
kahayang nu baris kedal nyumponan kana eta
moal baris leungit najan papada nyaho
najan harti katutupan denge
jeung waktu nu baris ngandelan kanyataan.

SAMPURASUN

NEULEUMAN

Judul : Neuleuman
Tanggal : 21 November 2015
Pukul : 22.00 WIB
Label : Syair Sunda

====================================

Neuleuman ka jero katresna
mapag gugupay carita nu baheula
ngahiap nyantel patarema ku basa ayeuna
ranggeuyan pangbubungah kalayan jiga
sasadu ku waktu ngandelan saban dina cara
hayang bugang napak milampah nu geus saling rumasa.

Neuleuman ngagero ka jero siloka
baris, ngahias, nangtung, ngaraga
miharti nu kaharti najan ku ciri nyata
najan kudu kaalaman naon nu katingaleun warta.

Neuleuman wujud dina rasa
mernah tumaninah ngayuga ku katresna
naon nu datang kalayan mere basa
pikeun ngalanglangan wanci nu aya
najan ukur kahimengan mega
najan moal baris ngahiji sakumaha kuduna.

SAMPURASUN

Blog Archive

Buah Pena