Judul : MILANG KALA
Tanggal : 26 Februari 2016
Pukul : 20.20 WIB
Label : Puisi Sunda
===========================================
Milang ngangka nyakseni wanci
nambahan jeung ngurangana panyesa
ku reup bray sangkakala tutudun kala
nungtut patut lugai lampah
robah pangeusi jeung nu ngungsi
wujud baris ngaos dumasar kadar
bugang baris ngarumasakeun sabab.
Mulung silsilah saksi katangtuan
inggis nyorang nu bakal pinanggih
paranti ukur eusian kosong molongpong
sarua rupi taya leuwih di mudal
taya batan leuwih ti pinuh.
Hanjelu nangkeup harigu
kaduhung ku tangtung tangung aisna
ka uyahan kahayang jeung kaembung
nuturkeun bewara geugeuden dada.
Mulangkeun ka tungtung wanci
nekad buleud kudu ngancik paleuwih
ngarah bati jabaning harti
sangkan nu kabilang mernahna bisa ka itung.
SAMPURASUN
Tanggal : 26 Februari 2016
Pukul : 20.20 WIB
Label : Puisi Sunda
===========================================
Milang ngangka nyakseni wanci
nambahan jeung ngurangana panyesa
ku reup bray sangkakala tutudun kala
nungtut patut lugai lampah
robah pangeusi jeung nu ngungsi
wujud baris ngaos dumasar kadar
bugang baris ngarumasakeun sabab.
Mulung silsilah saksi katangtuan
inggis nyorang nu bakal pinanggih
paranti ukur eusian kosong molongpong
sarua rupi taya leuwih di mudal
taya batan leuwih ti pinuh.
Hanjelu nangkeup harigu
kaduhung ku tangtung tangung aisna
ka uyahan kahayang jeung kaembung
nuturkeun bewara geugeuden dada.
Mulangkeun ka tungtung wanci
nekad buleud kudu ngancik paleuwih
ngarah bati jabaning harti
sangkan nu kabilang mernahna bisa ka itung.
SAMPURASUN