PANGLUMPATAN

Sabtu, 22 Juni 2013

Kasab panglumpatan-
Lir nyumput sajeroning halimun moyan-
Ningalkeun hurungna seuneu-
Samemeh datang naon nu jadi ubarna.

Lain sieun kunu lian-
Lain lumpat tina nu geus deukeut-
Jadi amit lamun kudu pakait dina hiji buah-
Jauh tina ukuran-
Pangjadi ngalantaran tisasari-
Naon nu sakuduna seungit-
Naon nu kuduna hudang mimiti.

Loba nu teu kajawab-
Patarosan nu mawa akar lian-
Lir dauan nu jadi sabab tina nanaon-
Sanajan tigirang bijilna eta cai kiruh.

Cunduk kana waktu ayeuna-
Ngagupayan nu bakal datang-
Ngantosan nu bakal nyaangan-
Sok sanajan bisi ngalangkangan-
Mamantes nu moal jadi dipapantes.

Sadar atuh..
Panjangkeun emutan nu payus-
Tembongkeun ka ahengan sakuduna-
Sakumaha nu mimiti kungsi katingali-
Sakumaha kuduna nu jadi panutan.

Sampurasun
22 Juni 2013

Blog Archive

Buah Pena