Perpustakaan

Selasa, 09 April 2013

Lamun Urang Hayang Pinter
Teras Deukeutan Koncina
Nangtukeun Bakal Ngajadi
Diri Urang Pikeun Milampah Kahirupan
Pantona Ukur Buku
Ku Urang Buka Tur Baca
Cacanakeun Urang Pikeun Ngala Tujuan
Anjangeun Urang Dikala Butuh
Tuh Itu Gudangna
Naha Bet Hese Datang
Angkatkeun Sampean Kenca Katuh
Hurungkeun Niat Nu Poek Dina Hate
Tekadkeun Lebet Ka Perpustakaan...


Sampurasun
09 April 2013

Pantun (Maca Buku)

Daun Saga Daun Jamu
Katuruban Ku Dahan Nangka
Sok Gera Muka Buku
Ku Maca Konci Dunya Kabuka

Ngajaring Lauk Ditamakan
Rek Digoreng Jang Dahar Isya
Itu Gening Perpustakaan
Hayu Urang Budayakeun Maca


Gaduh Hiasan Tina Tamaga
Antik Rupana Ker Jualeun Sabtu
Aduh Geulis Pisan Itu Wanoja
Nuju Calik Bari Maca Buku

Sampurasun
09 April 2013

Blog Archive

Buah Pena