Judul : Kalangkang Kilat
Tanggal : 07 Desember 2015
Pukul : 20.15 WIB
Label : Puisi Sunda
====================================
Jentre sakolebatna kilat
ngajurung maseuk kalangkang beurang
betu ngoceak ngaleugeut nu deukeut
kamana sulumputna lir kaceungceum harigu.
Moal baris pinanggih ku sakeudeung
dua panto pangacian gorowong salin jinis
bubuka ku tutup
najan kahalangan sakulit bawang.
Lir nyeceup karampa tiis nu hareudang
molah kana robah bari cicing
sajurusna kilat dina keupat
moal kalengkahan najan ku tungtung harupat
najan pageuh nyangreud bubuka kala.
Amis kaletak nu pait
jung gera cokot nu ka ala
moal kaluman ku najan
samemeh nepi kana tapi
saenggeus kasuat ku seukeutna pamatri.
SAMPURASUN
Tanggal : 07 Desember 2015
Pukul : 20.15 WIB
Label : Puisi Sunda
====================================
Jentre sakolebatna kilat
ngajurung maseuk kalangkang beurang
betu ngoceak ngaleugeut nu deukeut
kamana sulumputna lir kaceungceum harigu.
Moal baris pinanggih ku sakeudeung
dua panto pangacian gorowong salin jinis
bubuka ku tutup
najan kahalangan sakulit bawang.
Lir nyeceup karampa tiis nu hareudang
molah kana robah bari cicing
sajurusna kilat dina keupat
moal kalengkahan najan ku tungtung harupat
najan pageuh nyangreud bubuka kala.
Amis kaletak nu pait
jung gera cokot nu ka ala
moal kaluman ku najan
samemeh nepi kana tapi
saenggeus kasuat ku seukeutna pamatri.
SAMPURASUN