Katresna

Kamis, 28 Maret 2013

Peuting mangsing cicing
miguraan hate nu mihareup panggeuing
peuting nu mukakeun katresna
bet kaemut rupi nu jadi ciri
ciri manehna nu pinuh ku kanyaah

Ayeuna baris karasa
kanyaah kadeudeuh kaasih
jadi hareupan sangkan bisa ngawanci deui
ngawujud dina raga nu pasti

Iraha kapibanda ku diri?
iraha datang sakumaha kuduna?
jeung waktu nu mana baris nuliskeun
lukisan pikeun ngahijikeun katresna ieu....

Inggis lamunmah kudu ka alaman
sieun ieu ngan ukur lamunan
eukeurna kitu ieu kanyaah..?
keur kuring kitu itu kadeudeuh..!
cikan hanyangteh aya lamaran basa
netelakeun sangkan pangeusi hate
lain ukur nu diukir tapi mawa takdir..

sampurasun
17 Januari 2013

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena