Ngabukti

Kamis, 28 Maret 2013

Datang wanci ngabuktikeun hiji ciri
ciri nu matri sayaktining diri
ngabukti pikeun nangtukeun papasten hiji
hiji hirup..
hiji nu hirup..
jeung hiji kahirupan...
geuning hese mun ukur bisa ngukur.
lain soteh itu tapi ieu mah ngagalur.
dina kecap nu tangtu mibanda saur...

Karandapan dina kahirupan.
loba nu meulit kana birit.
hampangna jiga mangku ku siku.
beuratna sarua jeung rupa.

Lamunmah bisa ka ala.
erek lumpat satarik kalangkang.
erek nyokot nu di luncatan ku batur.
jeung nyampeur nu dipihapekeun kana gagahna jaman.
sugan aya gantar kakaitan
beubeunangan kalayan tangan nu luhung.

sampurasun
03 Februari 2013

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena