Angin Peuting

Kamis, 28 Maret 2013

Peuting nu ngaheuning.
nyumputkeun sagara rasa.
netelakeun kaanggang nepikeun kaheman.

Hiliwirna angin.
lir sora nu nepikeun katresna manehna.
kajamparing ieu manah.
ka ancikan kadeudeuh nu pinuh.
saumpatna rasa ieu.
ngajadi bukti nu pasini.
kanyaah nu moal laas.
sanajan nepi ka bodas ieu nu nyacas.

Peuting nu mawa angin.
caang mun manehna bisa ngarasa.
sarupa jeung nu diteda.
sarupi jeung nu kudiri dianti-anti.
sanajan ngan ukur bawaning kilat.
sanajan ngan ukur karasa ku sukma.
lir ilang nulilir ku geuing.

Sok sing anteung dina kaendahan.
engke hiji waktu rek disampeur.
dina kecap janji nu bukti.

sampurasun
13 Mei 2013

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena