Hariwang

Kamis, 28 Maret 2013

Bulan nyaksi kana rungkangna diri
nyuluhan ku heningna peuting
ngagambarkeun naon nu matak ngajadi
sugan jeung sugan
aya basa nu menta
aya bisi nu pasini
mibanda katut ngaraksa
sakumaha nu diteda
gening kieu karasana..
jauh ku jauh
deukeut matak ngabeulit kana ruhiat
sugan udaganmah cicing
dina hanap jeung luhurna kahariwang..


sampurasun
11 Januari 2013

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena