CARITA NU LAAS

Jumat, 27 Februari 2015

Tanggal : 13 Februari 2015
Pukul : 21.00 WIB

===============================

Carita nu laas ku mangsa
carita nu nyorang waktu sakeudeung
ukur ngukir hiji papasten diri
ninggang kana gambaran siloka.

Kageuing ku impleng
Kanyaah nu kungsi silih seungitan
Kabungah nu kungsi silih miguraan
kadeudeuh nu moal ilang salawasna.

Hiji mangsa ayeuna
bet ngolebat sakilat
naon nu kungsi mangrupi
naon nu kungsi ngaregang dina bugang
sakocepat ngadodoho ku nyaho
dimangsa jauh tingaleun naon nu di teuneun.

Hampura ku aya
hampura kagok miboga
naon nu di tempokeun ku basa
lain deui nu tiheula ieu raga.

Keun antep carita eta
ukur ngaendahan wanci kamari
ukur ngabageakeun sakotret hareupan
ukur mepeling eunteungeun jalan nu bakal kasorang.

Sampurasun

GUPAI KATRESNA

Tanggal : 05 Februari 2015
Pukul : 07.30 WIB

==============================

Gupai Katresna
ngagero ngabageakeun hate kalayan kabungah
kanyaah nu baris ngistrenan kadeudeuh
duriat nu kungsi mihanas katunggaraan
alatan hiji cita jeung carita.

Gupai Katresna
ngaruat lengkah ku pukah
nalian deui nu kungsi tingaleun
dina hiji tujuan nu cunduk kana waktu.

Bagea ayeuna
yap ngaraga sakumaha kuduna
nincak tapak dina balungbang kaasih
silih tungtun deui dina hiji panghareupan.

Bagea duriat
omat ku niat
ulah jauh sakumaha waktu kamari
mangsing raket nudunan nu bakal kasorang.

Hariwang ku anggang
keueung ngalalakon ku taya pananya
melang siun kasurup
didieu waktu mimiti nyengceum carita
urang pasini ngagupayan nu bakal karandapan.

Sampurasun

Blog Archive

Buah Pena