GUPAI KATRESNA

Jumat, 27 Februari 2015

Tanggal : 05 Februari 2015
Pukul : 07.30 WIB

==============================

Gupai Katresna
ngagero ngabageakeun hate kalayan kabungah
kanyaah nu baris ngistrenan kadeudeuh
duriat nu kungsi mihanas katunggaraan
alatan hiji cita jeung carita.

Gupai Katresna
ngaruat lengkah ku pukah
nalian deui nu kungsi tingaleun
dina hiji tujuan nu cunduk kana waktu.

Bagea ayeuna
yap ngaraga sakumaha kuduna
nincak tapak dina balungbang kaasih
silih tungtun deui dina hiji panghareupan.

Bagea duriat
omat ku niat
ulah jauh sakumaha waktu kamari
mangsing raket nudunan nu bakal kasorang.

Hariwang ku anggang
keueung ngalalakon ku taya pananya
melang siun kasurup
didieu waktu mimiti nyengceum carita
urang pasini ngagupayan nu bakal karandapan.

Sampurasun

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena