Judul : Babasaan Harti
Tanggal : 14 Februari 2016
Pukul : 19.45
Label : Puisi Sunda
====================================
Ngaruat Babasaan Harti
ngaranggeum ngistrenan lalakon
ngagupayan wanci satangtung
neuleuman ucap kasangup
nimalan kana kanyataan
nu kumaha mernahna bahasan diri.
Nambangan kahayang harti
mere basa carita lir nyata
ngaliwatan lalakon lumampah sore
nalian ijib jangji
ngagupayan poekna peuting
salamina baris ngayuga kala.
Lir dituyun ku selang tumuan
lenglang karasa dunya nu duaan
salin ku silih cekel midampal panangan
saunggeuk manah kalayan kadeudeuh
singkil jirim surungkui bati jero
ngajentrekeun papasan sanubari.
Ngaca kanyaah kudu dunya
inggis pegat kasampeur ruruat
hayang lila ngigelan kanyataan
najan mongkleng ku caangna bulan.
SAMPURASUN
Tanggal : 14 Februari 2016
Pukul : 19.45
Label : Puisi Sunda
====================================
Ngaruat Babasaan Harti
ngaranggeum ngistrenan lalakon
ngagupayan wanci satangtung
neuleuman ucap kasangup
nimalan kana kanyataan
nu kumaha mernahna bahasan diri.
Nambangan kahayang harti
mere basa carita lir nyata
ngaliwatan lalakon lumampah sore
nalian ijib jangji
ngagupayan poekna peuting
salamina baris ngayuga kala.
Lir dituyun ku selang tumuan
lenglang karasa dunya nu duaan
salin ku silih cekel midampal panangan
saunggeuk manah kalayan kadeudeuh
singkil jirim surungkui bati jero
ngajentrekeun papasan sanubari.
Ngaca kanyaah kudu dunya
inggis pegat kasampeur ruruat
hayang lila ngigelan kanyataan
najan mongkleng ku caangna bulan.
SAMPURASUN
0 komentar:
Posting Komentar