Judul : Indung Peuting
Tanggal : 17 Februari 2016
Pukul : 13.00 WIB
Label : Puisi Sunda
Pengarang : Sri Barokah
====================================
Sariak layung mawa gandrung beureumna
mulas kayas satangtung liwung surupna
indung beurang mapagkeun sakeumpeul kahayang
harewosna angin ngedalkeun kecap deudeuh nu pageuh
mantengkeun rasa anu pohara.
Duh indung peuting
simpenan nyeceup ka keueung
ngebraykeun sawangen kamelang nu bengras
nembongkeun angkeb hideungna sisi bulan
katresna dumareuda teu bisa maper susumbatna.
Indung peuting nu ngurilingan kiceup
seukeut meungkeut saranggeuy bentang
nu luhurna biheung kadongkang.
Reupna brayna wanci
nyaksian inggisna kembang sisi lamping
nu sirungan isuk jaganing pageto
bakal kasanding kulak canggemna.
SAMPURASUN
Tanggal : 17 Februari 2016
Pukul : 13.00 WIB
Label : Puisi Sunda
Pengarang : Sri Barokah
====================================
Sariak layung mawa gandrung beureumna
mulas kayas satangtung liwung surupna
indung beurang mapagkeun sakeumpeul kahayang
harewosna angin ngedalkeun kecap deudeuh nu pageuh
mantengkeun rasa anu pohara.
Duh indung peuting
simpenan nyeceup ka keueung
ngebraykeun sawangen kamelang nu bengras
nembongkeun angkeb hideungna sisi bulan
katresna dumareuda teu bisa maper susumbatna.
Indung peuting nu ngurilingan kiceup
seukeut meungkeut saranggeuy bentang
nu luhurna biheung kadongkang.
Reupna brayna wanci
nyaksian inggisna kembang sisi lamping
nu sirungan isuk jaganing pageto
bakal kasanding kulak canggemna.
SAMPURASUN
0 komentar:
Posting Komentar