Hari, Tanggal : Selasa, 10 November 2015
Pukul : 19.30 WIB
====================================
Hiji caraka diri netelakeun kahayang wanci
jauh nyawang kana panghareupan nu katukang
halimun basa mere beja kanu mernah aya
ijib bisi dina bisa mukakeun nu samemehna di anti
bet hanjakal naha teu ka papagkeun.
Hiji carita mekerna katresna dina raga
pakait sanubari neuteup kana gugupay kanyaah
kadeudeuh asih anu kahalangan wanci najan mere ciri
najan tembongna geus kagok jauh ku ayeuna jeung ayana.
Deudeuh teuing kanyaah urang duaan
ukur jadi ceungceuman ati wanci kapengker.
Deudeuh teuing geulis hampura ku rasa jeung raga
naon nu baheula kungsi katempo jeung karumasa
naon nu bareto kungsi di pikarido
teu katudunan ku jaman dina hiji carita nu endah
najan asih kiwari melar dina akar
ngandelan sakumaha pukahna hiji ceungceuman netela.
Ukur panghareupan nu tangtu
nudunan katresna duaan
nungkulan jalan beda kalayan takdirna
najan papada apal
asih nu kungsi baheula pinanggih
bakal salamina aya dina bugang
bakal salilana ngayuga dina ati kanyaah
najan moal kapibanda ngahijina diri ku jangji.
Sampurasun