SILOKA HARTI

Minggu, 29 November 2015

Judul : Siloka Harti
Tanggal : 28 November 2015
Pukul : 19.00 WIB
Label : Puisi Sunda

====================================

Kadenge ku panon
awasna sora nyangkring sanubari
karampa ku iga
mernahna tatapakan manah
mijadi pukahna harti
najan moal baris karau ku siku.

Katingali ku denge
panggupay ciri jerona basa
miraga nguntit langlayang kalangkang
dina mangsa nu baris ka igel
najan ka beratan ku hampangna lengkah.

lalakon nu jadi panutan
ngajeroan ka luhur nu tadina deet
sakotret ngitung gancang ku laun
najan anggang kahalangan panasaran.

Kakurung dina diri
naon nu katingali ku denge harti
naon nu pastina karandapan
dina harewos nu karampa
jeung nyumputna nu katingali.

SAMPURASUN

Blog Archive

Buah Pena