HAMPURA CARITA BAHEULA

Senin, 26 Januari 2015



MANGLAYANG IMPENGAN KATUKANG
ngadodoho nu poho nganjang mihanas kagirang
ngancik kana naon nu tadina kasarung
lir ngahaja nu teu kahaja napakan tapak nu kalangkung.

MANGLAYANG NYAWANG NU DATANG
katampa ku raga ngarasa melang
geus jauh katingaleun ku kalangkang
nanging ku eta asa rongkah dina balungbang
kabungah nyumput ngaregang dina kemelang
kana naon jeung dina naon nu kiwari nyangkring.

HAMPURA TEU JIGA NEMBONGKEUNG CAANGNA BEURANG
hampura raga geus teu aya nu kosong
bongan harita papada nonggong
meureun takdir carita urang
ukur ngukir kaendahan wanci katukang
sanajan kiwari katresna papada nyangsang.

Sampurasun
16 JANUARI 2015

Blog Archive

Buah Pena