Judul : Mapat Bayu Uninga
Tanggal : 21 Januari 2016
Pukul : 20.45
Label : Puisi Sunda
====================================
Sadapur nganteur ngistrenan pangukur
mawur rumingkang tegesna balungbang
kacipta tungkul tunggul tumarima
malapah sabda ngancik saluyu.
Miyuni wanci mustari
mangsing raket deukeut rumasa
nyuuh ngulah titingaleung pangawasa
nyaho alabatan poho dina jero doho
salilana nyuhun hanapeun sadu
neda mapat bayu minturaga uninga.
Bral lumampah ngeupat sosoderan
cindekna nyangsang sajauh nyawang
pangasihan pinanggih bukti
bawaning tangen sampayan katineung.
Mungkus buni kalayan ngabukti
ngajadi wujud maseuhan junti
nguninga sajabaning geuing peuting
mere papasten nyorang katangtuan.
SAMPURASUN
Tanggal : 21 Januari 2016
Pukul : 20.45
Label : Puisi Sunda
====================================
Sadapur nganteur ngistrenan pangukur
mawur rumingkang tegesna balungbang
kacipta tungkul tunggul tumarima
malapah sabda ngancik saluyu.
Miyuni wanci mustari
mangsing raket deukeut rumasa
nyuuh ngulah titingaleung pangawasa
nyaho alabatan poho dina jero doho
salilana nyuhun hanapeun sadu
neda mapat bayu minturaga uninga.
Bral lumampah ngeupat sosoderan
cindekna nyangsang sajauh nyawang
pangasihan pinanggih bukti
bawaning tangen sampayan katineung.
Mungkus buni kalayan ngabukti
ngajadi wujud maseuhan junti
nguninga sajabaning geuing peuting
mere papasten nyorang katangtuan.
SAMPURASUN