SILOKA IMPENAN

Senin, 11 Januari 2016

Judul : Siloka Impenan
Tanggal : 10 Januari 2016
Pukul : 20.15 WIB
Label : Puisi Sunda

====================================

Impenan bati kalangkang peuting
ngurutkeun carita lir malapah
mere wujud buni panghareupan
nyurug patekadan hate
nu eces alatan konci wanci.

Impenan gugupai lir kingkilaban
serab dina iteuk kamelang nu jadi
linuhung nyata nu karandapan
kaendahan nyangreud emutan
mihuni tekad kalayan pageuh.

Bet ngunguntit bati peuting
ngajak patukeur kahirupan ku harti
nitah nganjang ka poe katukang
pikeun nudunan gambaran jentre siloka.

Impenan ngalangkungan peuting
nuhun ku jiga kalantur nyata
katudunan ngabanda najan katempuhan
ku hanas ukur mijadi kembang kalawan
kembang makalangan kalangkang peuting.

SAMPURASUN

Blog Archive

Buah Pena