IBUN WANCI

Jumat, 22 Maret 2013







Lir ibun nu laas ku caang
Ilang ku wanci ngawujud ngajadi bukti
Tiis lamun mah kudu kaleungitan
Dimana jeung nu mana baris mermanakeun
Naon nu ku diri di piheulaan kalayan ilangna eta ibun wanci

Sanajan beak ku jaman
Mipit ku amit ngahayukeun nu lami incah
Moal datang deui meureun itu ibun…
Sok mihareup sanajan aya nu ngawadahan
Asa aral ku baha
Naha bet datang poe nu ngailangkeun kaendahan
Ayeuna jauh mun di teang
Kamana kudu nyuksrukeun ieu lengkah
Gening ukur ieu nu salah
Teu baris narimakeun kana suku nu karek sabeulah
Leungeun nu karek ngagem ku ancikan sakotret

Deudeuh teuing diri pasini kagilih ku junti
Eleh nyanghareupan gagahna kahayang jaman
Kiwari karasa yen nu di pi agul
Ngaruntagkeun niat katut tujuan
Hampura nu ngagulung dinaa rasa
Diri teu mampu melaan katresna
Sugan isuk pageto eta leungit sakumaha laasna ibun ku wanci
Sakumaha nu ku manehna di pigandrung
Jug sing kabanda nu di teang
Keun antep nu geus di runcagkeun ku anjeun
Engke ge aya karasana  bongan ku akibat…

                                                                                                ualfathu@yahoo.com
            17 April 2012

Blog Archive

Buah Pena