Ilang
ku wanci ngawujud ngajadi bukti
Tiis
lamun mah kudu kaleungitan
Dimana
jeung nu mana baris mermanakeun
Naon
nu ku diri di piheulaan kalayan ilangna eta ibun wanci
Sanajan
beak ku jaman
Mipit
ku amit ngahayukeun nu lami incah
Moal
datang deui meureun itu ibun…
Sok
mihareup sanajan aya nu ngawadahan
Asa
aral ku baha
Naha
bet datang poe nu ngailangkeun kaendahan
Ayeuna
jauh mun di teang
Kamana
kudu nyuksrukeun ieu lengkah
Gening
ukur ieu nu salah
Teu
baris narimakeun kana suku nu karek sabeulah
Leungeun
nu karek ngagem ku ancikan sakotret
Deudeuh
teuing diri pasini kagilih ku junti
Eleh
nyanghareupan gagahna kahayang jaman
Kiwari
karasa yen nu di pi agul
Ngaruntagkeun
niat katut tujuan
Hampura
nu ngagulung dinaa rasa
Diri
teu mampu melaan katresna
Sugan
isuk pageto eta leungit sakumaha laasna ibun ku wanci
Sakumaha
nu ku manehna di pigandrung
Jug
sing kabanda nu di teang
Keun
antep nu geus di runcagkeun ku anjeun
Engke
ge aya karasana bongan ku akibat…
17 April 2012
0 komentar:
Posting Komentar