Judul : NGANTEUR CIHUJAN
Tanggal : 09 Mei 2016
Pukul : 19.15
Label : Puisi Sunda
=============================================
Nganteur nuturkeun caraka takdir
silih baseuhan ku nyurug cihujan
mapay corencang caang peuting
numuan katineung nu ngagantung dina kamelang.
Ngupahan karumasa katresna
silih seukeutan ku paneuteup
ngalaman kasorangna lamunan
paceukeul mageuhan kaheman.
Bagja ku carana sugema
ngubaran patumu maneuhna manah
lenglang najan ngimpi sajabaning geuing
najan nguyahan nu geus kagok amis.
SAMPURASUN
Tanggal : 09 Mei 2016
Pukul : 19.15
Label : Puisi Sunda
=============================================
Nganteur nuturkeun caraka takdir
silih baseuhan ku nyurug cihujan
mapay corencang caang peuting
numuan katineung nu ngagantung dina kamelang.
Ngupahan karumasa katresna
silih seukeutan ku paneuteup
ngalaman kasorangna lamunan
paceukeul mageuhan kaheman.
Bagja ku carana sugema
ngubaran patumu maneuhna manah
lenglang najan ngimpi sajabaning geuing
najan nguyahan nu geus kagok amis.
SAMPURASUN