HAREUPAN ANYAR

Kamis, 29 Januari 2015


Lir caang ku tembong bulan
lir peuting nu awas ku poe
hate karasa bingah miagul lampah
naon nu bareto jadi karingrang
naon nu baheula pinuh ku kasieun
kiwari kahontal dina kedal
hiji wanoja nembongkeun papayung kanyaah.

Ciri nu kagambar dina raray
rupi nu baris matok cahyaning diri
jiga kalayan beda ku raga
beut ngistrenan hareupan ku anjeun
naon nu baheula kungsi leungit
dina naon nu bareto kungsi ka ala.

Suganteh moal pinanggih deui jeung kaheman
pangjurung kanyaah dina payusna imut salira
ku eta jadi pacantel kabungah miendah lampah
dina tapak katresna.

Hayu urang saluyu jeung nu kudu
papada sarua jeung nu di teda
urang bewarakeun ka pangeusi raga
yen ku ieu baris nepi kana panghareupan
hareupan anyar dina jalan nu pukah.

Sampurasun
28 Januari 2015

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena