Heningna Peuting
nempokeun katunggaraan
ngahudangkeun bayang implengan
nyadarkeun yen naon nu kungsi aya
ayeuna ukur jadi kembang na lamunan
Heningna Peuting
hayang bisa karandapan deui
carita nu kungsi ngeusian jerona hate
carita nu endah minuhan jalan
carita nu jadi kabanggaan diri
Hening Peuting
ukur katunggaraan nu nganteur nyata
geusan baheula papada incah
kiwari butuh ku naon nu tos leungit
kanyaah nu pernah aya ngabuktikeun
hanjakal waktu megatkeun
samemeh tepi kana kuduna
Hening Peuting
sanajan moal karandapan deui
inggis ngan ukur ngeusian endahna waktu katukang
gening tos gaduh jalan tanggung jawab eta
bet kunaha ieu teu bisa nyumputkeun kanyaah
miharep kasampeur deui
waktu katukang basa silih tungtun dina jalan rumpil
Hening Peuting
mukakeun sakabeh bubuka
naon nu kungsi kasorang
jeung implengan nu jadi harepan.
sampurasun
17 April 2013
nempokeun katunggaraan
ngahudangkeun bayang implengan
nyadarkeun yen naon nu kungsi aya
ayeuna ukur jadi kembang na lamunan
Heningna Peuting
hayang bisa karandapan deui
carita nu kungsi ngeusian jerona hate
carita nu endah minuhan jalan
carita nu jadi kabanggaan diri
Hening Peuting
ukur katunggaraan nu nganteur nyata
geusan baheula papada incah
kiwari butuh ku naon nu tos leungit
kanyaah nu pernah aya ngabuktikeun
hanjakal waktu megatkeun
samemeh tepi kana kuduna
Hening Peuting
sanajan moal karandapan deui
inggis ngan ukur ngeusian endahna waktu katukang
gening tos gaduh jalan tanggung jawab eta
bet kunaha ieu teu bisa nyumputkeun kanyaah
miharep kasampeur deui
waktu katukang basa silih tungtun dina jalan rumpil
Hening Peuting
mukakeun sakabeh bubuka
naon nu kungsi kasorang
jeung implengan nu jadi harepan.
sampurasun
17 April 2013
0 komentar:
Posting Komentar