Barang Nu Anyar

Selasa, 16 April 2013

Barang nu anyar...
anyar miguraan diri pikeun milampah
milampah kahirupan dina garisan waktu
waktu nu hade dina jeroning lengkah
lengkah kamari lain nu ayeuna
ayeuna beda jeung nu engke estuning robah.

Barang nu anyar ngamumule...
ngamumule dina garisan takdir
takdir lir taraje anjangeun luhung
luhungna ibadat kagunturan madu menyan bodas
bodas keur bahan lukisan nu kuduna.

Asa lebar lamunmah can bisa nganyarkeun...
nganyarkeun pikeun ngabales nu kuduna eta
eta pikiraneun urang sajeroning ngarti
ngarti yen nu anyar hiji tanggung jawab.

Barang nu anyar...
anyar dina tujuan
tujuan miboga nu leuwih
leuwih tinu geus aya sangkan bisa ngayakeun.

Sampurasun

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena