Kalangkang

Senin, 15 April 2013

Kalangkang....
maturan ngajajap tunggara.
nempokeun nu nembongan ilang.
nyarita miboga batur nu satuhu.

Kalangkang...
maturan diri ngajajap wanci.
jadi antosan sangkan bisa ngaliwatan.
ngaliwatan geusan ti carita nu pukah.

Kamana Leungitna ayeuna?
meureun katutupan ku gantina waktu.
eweuh deui nu satuhu maturan.
ukur kalangkang pangjajap carita ieu.

Kalangkang...
jirim anjeuna nu pernah narima.
ciri anjeuna nu salamina bakal aya.
sanajan zaman robah ngailangkeun sakuduna.

Sieun lamunmah terus kieu.
waktu nu mana baris karandapan.
naon nu kungsi aya jeung meungkeut deui nu kiwari pegat.
kalangkang ciri baheula mibawa carita...


sampurasun
15 April 2012

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena