Hujan poyan
lagragan mihanas kahariwang
nyawang panghareupan nu kaliwat
ngarangrangan ngulik pangubaran
Hujan poyan maseuhan lamunan
dimangsa butuh ku jawaban
diwaktu papada nonggong
bati kamari nyieun ruhak ku sabab
Naha teu ingeut baheula
basa sasadiaan pikeun sampeureun ayeuna?
duaan hudang lugai tina sigai
malapah dina lengkah nu tara'ti
silih tuntun ku iteuk kamelang
Pileuleuyan kabeh
hujan poyan ningalan tapak karumasa
naon nu kungsi aya
naon nu kungsi jadi ku waktu
Kiwari Ukur waasna ningang harepan
Dimangsa Kedal ku polah
Dimangsa narima naon nu lain kuduna
Sampurasun
09 Desember 2013
0 komentar:
Posting Komentar