Hiji Catetan

Jumat, 19 April 2013

Hiji catetan...
catetan lawas carita urang duaan...
duaan basa papada mekarkeun kembang katresna...
katresna dina tumpukan kanyaah...
kanyaah anu munggaran nitipkeun kamelang.

Hiji catetan baheula...
baheula basa ngamparkeun kaheman...
kaheman nu jadi papaes hareupan...
hareupan pikeun bela salawasna..
salawasna rek satuhu babarengan.

Naha kiwari bet ngarangrangan...
ngarangrangan mijadi lamunan...
lamunan nu tinggal waasna aya..
aya miguraan catetan jalan katukang...
katukang nembongkeun pipisahan...
pipisahan tina nu kungsi ditalian..
ditalian nu tadina anjangeun ayeuna.

Hiji catetan nu hanjakal..
hanjakal teu bisa nepi kana naon nu jadi impian..
impian, harepan ngan seret lamunan...
lamunan nganter pukasna hiji carita...
carita nu kungsi dipiagul.

Sampurasun
19 April 2013

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena