Judul : LAYUNG BEUREUM
Tanggal : 27 September 2016
Pukul : 20.00 WIB
Label : Puisi Sunda
=============================================
Layung beureum lir peureum
incah sajabaning caang poe
ngajauhan serab kalangkang kala
mapag tiis mongkleng cahyaning langlayang peuting.
Surup nyuuh panon ku poe
kapeureuman samarna tingali
corencang isuk ngadaun tekad maksud
najan karampa eces poekna tempo.
Layung beureum lir peureum
nungtung katukang alias
nilepan siloka satungtung pangitung
ngajabaran lengkah ingkig wanci
ngumahakeun kana gagahna mangsa nu nyarita.
SAMPURASUN
Tanggal : 27 September 2016
Pukul : 20.00 WIB
Label : Puisi Sunda
=============================================
Layung beureum lir peureum
incah sajabaning caang poe
ngajauhan serab kalangkang kala
mapag tiis mongkleng cahyaning langlayang peuting.
Surup nyuuh panon ku poe
kapeureuman samarna tingali
corencang isuk ngadaun tekad maksud
najan karampa eces poekna tempo.
Layung beureum lir peureum
nungtung katukang alias
nilepan siloka satungtung pangitung
ngajabaran lengkah ingkig wanci
ngumahakeun kana gagahna mangsa nu nyarita.
SAMPURASUN
0 komentar:
Posting Komentar