SALIMUT KAHAYANG

Selasa, 16 Agustus 2016

Judul : SALIMUT KAHAYANG
Tanggal : 15 Agustus 2016
Pukul : 20.00
Label : Puisi Sunda

============================
Nyirah basa salimut nyumput
ngabunian maksad nu jadi maksud
netelakeun lugai kedal hate
nu manteng ngimpleng kaanggang.

Lir unggek nyumputkeun gideug
ngalamun lantaran ngalaman
hoyong kahayang kapelong
nemrak karagap tangkeup.

Di mangsa ku carana kabuka
ngajeroan kanyaah dina manah
wanci ku cirina nyaksi
mageuhan patarema dua kadeudeuh
nungkulan patokan hijib carita.

Bray ku poek
katempo samarna eces
buka nu baris jadi jalan takdirna
bakal kuat ku urutna
bakal narima najan loba jadi kumaha.

SAMPURASUN

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena