Deudeuh teuing Jalu
Hampura lain teu bisa narima
Nanging dina lebah dieu
Can siap pikeun ngarepehkeun nu bakal kaalaman
Can siap nempokeun beurang pikeun nyumputkeun
peuting
Jalu…
Meureun ieu jalan hidep
Meureun eta waktu anjeun
Ukur nepika janari
Nempo hesena sagara pana
Keun sugan engke pageto
Bisa kahijikeun dina jero rumasa
Bisa datang saperti nu geus disumputkeun..
Nu kuduna jeung pada jempe kabeh
Boro bingah harepan tungtung leugeun anjeun
Mugia bisa narima kana kaikhlasan ieu
Mugia ulah aya ruruhit geusan ti dieu
Sok datang deui dina waktuna
Bakal di teumpokeun nu kungsi leungit
Bakal di luhurkeun sajajar jeung diri
Dina naon nu geus jadi garis..
Wilujeung
Sampurasun
0 komentar:
Posting Komentar