PUCUK AWI

Sabtu, 20 Februari 2016

Judul : PUCUK AWI
Tanggal : 19 Februari 2016
Pukul : 20.10 WIB
Label : Puisi Sunda

=======================================

Nimbalan tegesna tangtangan kanyaah
ngagambarkeun nu jadi kahayang panutan
mapay ngudag babasaan katineung
brehna saksi ngawasakeun carita.

Hiliwirna angin sore
mere keupat dadahna pucuk awi
mijadi banda kabungah nyiripkeun pasini
nu jentre kana luhungna jangji.

Ku oyagna pucuk awi
malikeun patarosan sila siloka
nganteur sajabaning jalan katresna
ngahiap bati kasorang kabagjaan.

Duuh ngoleabna pucuk awi
nudunan kana naon nu katarima
nuduhkeun jalan panghareupan
ngajajap cangkemna niat paniatan
pikeun ngagupayan puhu nu dituju
lir nyasaksi paceukeulna dua dampal panangan.

SAMPURASUN

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena