TULISAN MANAH

Jumat, 19 Februari 2016

Judul : TULISAN MANAH
Tanggal : 19 Februari 2016
Pukul : 11.30 wib
Label : Puisi Sunda

==========================================

Ngancik dina hate
hiji basa nu mernah
hiji katresna nu nyata
hiji jawaban tulisan manah.

Lir caang ku cahya bentang
tulisan manah ngukir ciri takdir
tulisan manah cakraning katresna
taya pangawasa ku ngancik tur jerona
taya kabisa ku ngahalang tur nyaramna.

Duuh nu katulis dina manah
bagja kalayan sugema pinanti
geusan lila ngantosan milang kala
kiwari ka sorang ku urang.

yap tuturkeun nyanghareup
nyaksian pangajak wanci
nudunan katangtuan bongan
jeung nyukurkeun ulina takdir.

SAMPURASUN

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena