Judul : JAMPARING KATINEUNG
Tanggal : 22 Februari 2016
Pukul : 20.30 WIB
Label : Syair Sunda
=======================================
Kasasar jamparing peuting
tungkusan jirim nu jadi katineung
paisan rasa nu ngalangkangan ngimpeng
saunggeuk leunyap ka tempo rumingkang
raket deukeut nyanghareup awaking.
lir nyimut bari nyumput
patumu dina manah mermanakeun kainget
cumantel silih simeuh pageugeut
nalian kanyaah nu nyangred dina emut.
Prok paamprok najan na impenan
jadi dalih ngestokeun panasaran
ngubaran baha basa kasmaran
ngobatan langlayang layung pikiran.
Kasasar jamparing katresna
minuhan pangacian rasa jeung rampa
ngimahan kahayang pinanggih raga
ngaliwatan seukeut tempo dampalan soca.
SAMPURASUN
Tanggal : 22 Februari 2016
Pukul : 20.30 WIB
Label : Syair Sunda
=======================================
Kasasar jamparing peuting
tungkusan jirim nu jadi katineung
paisan rasa nu ngalangkangan ngimpeng
saunggeuk leunyap ka tempo rumingkang
raket deukeut nyanghareup awaking.
lir nyimut bari nyumput
patumu dina manah mermanakeun kainget
cumantel silih simeuh pageugeut
nalian kanyaah nu nyangred dina emut.
Prok paamprok najan na impenan
jadi dalih ngestokeun panasaran
ngubaran baha basa kasmaran
ngobatan langlayang layung pikiran.
Kasasar jamparing katresna
minuhan pangacian rasa jeung rampa
ngimahan kahayang pinanggih raga
ngaliwatan seukeut tempo dampalan soca.
SAMPURASUN
0 komentar:
Posting Komentar