NGANTEUR LAMUNAN

Sabtu, 27 Januari 2018


Judul             : NGANTEUR LAMUNAN
NO. Karya    : 0146
Tanggal        : 26 Januari 2018
Waktu           : Pukul 11.00 WIB
Label            : Syair Sunda
Isi Karya      : ________

============================================

Ngalantur nganteur lamunan,-
nyawang ka anggang nu jadi kembang fikiran,-
jauh nuduh nyuyahan kaheman,-
nu cicing nyanding miendah wanci satukangeun,-

Ngimpleng langlayang lamunan,-
mawa basa ngirip lantaran,-
nyungkem bisi nitenan hiji ngaran,-
hiji kahayang dina jero panasaran,-

Nu mana, dimana, nu saha, ka saha ngalanglangan,-
jero, ngagero, ngolo puntangeun,-
sangkan bisa, kalayan nimbalan,-
ngestokaun nu karumasa ngagupayan,-

Ngalantur nganteur lamunan,-
ku sugan hayang kaalaman,-
ku najan baris kaiuhan,-
ngupahan, nyanggupan dua tujuan,.

SAMPURASUN

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena