Judul : BULAN SAPASIH
NO. Karya : 0145
Tanggal : 24 Januari 2018
Waktu : Pukul 12.00 WIB
Label : Puisi Sunda
Isi Karya : ________
Bulan sapasih
nyaangan nganter tujuan
nyaksi mudalna katresna
lir maturan pacantel dua hate.
Bulan sapasih
numuan tali kaasih
nyimutan keupatna kanyaah
mijadi banda lampah carita.
Mudal murudul modal basa
silih suluh salin jangji
pacekel cinek hiji jalan
hiji kahayang hiji panghareupan.
Bulan sapasih
langlayang langit peuting
miharti ciri cara hurip
mageuhan nu jadi implengan.
SAMPURASUN
0 komentar:
Posting Komentar