Judul : MUNTANG KAKEUEUNG
NO. Karya : 0147
Tanggal : 04 Februari 2018
Waktu : Pukul 19.45 WIB
Label : Puisi Sunda
Isi Karya : ________
===================================
Keueung nulak malik sieun
cicing usik muntang sangup
hayang nyaho geusan kasoro
hayang nyata sieuna kakeueung.
Keueung ngagulung kasieun
teu bisa malikeun usikna cicing
mere harti ngabasa ngarti
mikeun nyumponan kahayang.
Bakal nimbal nu lain kedal
nuhun kasuhun tipayun
ragrag murag rugrug gabrug
inggis tungtungna ka itung.
SAMPURASUN