Judul : Dua Papasangan Takdir
Tanggal : 18 Januari 2016
Pukul : 21.45
Label : Puisi Sunda
====================================
Beurang nu ngalangkangan peuting
lir salin nyurup mibutuh
nganyatakeun hilir papasten
dina ciri rongkah salin cumantel.
Patotos bulan jeung bentang
mapantes ngahias raga peuting
nembongan awas ku cara pinuju
saigel ngalangkangan kalang.
Betu lugai ku eta simul
lir gambaran ngaheureuyan kasangtukang
ngasongkeun titah pikeun lumampah
nunjuk hiji kahuripan
Ngajodo nungkulan ku lantaran kurung.
Dua papasan kahirupan
ngagulung galang ngajangjian
nyorang langlayang nu wenang
ngahartian papasangan nu tumiba
nimbalan katangtuan nu jadi bati takdir.
SAMPURASUN
Tanggal : 18 Januari 2016
Pukul : 21.45
Label : Puisi Sunda
====================================
Beurang nu ngalangkangan peuting
lir salin nyurup mibutuh
nganyatakeun hilir papasten
dina ciri rongkah salin cumantel.
Patotos bulan jeung bentang
mapantes ngahias raga peuting
nembongan awas ku cara pinuju
saigel ngalangkangan kalang.
Betu lugai ku eta simul
lir gambaran ngaheureuyan kasangtukang
ngasongkeun titah pikeun lumampah
nunjuk hiji kahuripan
Ngajodo nungkulan ku lantaran kurung.
Dua papasan kahirupan
ngagulung galang ngajangjian
nyorang langlayang nu wenang
ngahartian papasangan nu tumiba
nimbalan katangtuan nu jadi bati takdir.
SAMPURASUN
0 komentar:
Posting Komentar