DEUDEUH DIRI

Rabu, 20 Januari 2016

Judul : Deudeuh Diri
Tanggal : 19 Januari 2016
Pukul : 20.40
Label : Syair Sunda

====================================

Deudeuh Teuing Diri
ngestokeun papayung wanci
melaan lamunan nu jadi ciri
ngalantur nganteur sayaktining bukti
najan bisi kalinih ku junti.

Deudeuh teuing raga
nu kaeusian paisan rasa
tumamprak ngarogahala pangacian kala
ngimpleng ngaksruk nitenan hiji caraka
ngadadahan kabagjaan nu baris katarima.

Inggis ku bati kalam
nyorangan ngageuing nu tilem
ngaliwat ninggang tapak tilam
najan kasanggupan bitu lir nyungkem.

Hampura ku deudeuh
teu sangup nyaruaan dalih
mimpin kanyataan nu geus pukah
nampi ku nuhun kabukana kanyaah.

SAMPURASUN

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena