Judul : SADAR DIRI
Tanggal : 10 April 2016
Pukul : 20.00 WIB
Label : Puisi Sunda
=======================================
Sadar ngeunaan diri
nyanghareupan kaboga nu teu miboga
kalawan milik lain keur ngulik
nyaho teu ngulah nyarek
katangtuan bongan katanyaan heureuy
nungkulan panempo satukang poho.
Sadar alatan diri
lain kudu talatah ku titah
lain kudu neluh bongan ulah
dimangsa katilik sidik
nembongan ngingkig satungtung itung.
Lain hayang boga bari nyumput
tetela caang ku carana awas
poek ku cirina mongkleng
jati wujud patokan jadi
napakan jalan nu geus karasa.
Sadar diri lian mikeun
moal ka bere sakunaha nu ditarima
moal ka jawab sakunaha nu ditanya
moal ditempo sanaha jerona nyaho
sakumaha sadarna waktu mimiti.
SAMPURASUN
Tanggal : 10 April 2016
Pukul : 20.00 WIB
Label : Puisi Sunda
=======================================
Sadar ngeunaan diri
nyanghareupan kaboga nu teu miboga
kalawan milik lain keur ngulik
nyaho teu ngulah nyarek
katangtuan bongan katanyaan heureuy
nungkulan panempo satukang poho.
Sadar alatan diri
lain kudu talatah ku titah
lain kudu neluh bongan ulah
dimangsa katilik sidik
nembongan ngingkig satungtung itung.
Lain hayang boga bari nyumput
tetela caang ku carana awas
poek ku cirina mongkleng
jati wujud patokan jadi
napakan jalan nu geus karasa.
Sadar diri lian mikeun
moal ka bere sakunaha nu ditarima
moal ka jawab sakunaha nu ditanya
moal ditempo sanaha jerona nyaho
sakumaha sadarna waktu mimiti.
SAMPURASUN
0 komentar:
Posting Komentar