MISTERI KEINGINAN

Senin, 25 April 2016

Judul : MISTERI KEINGINAN
Tanggal : 25 April 2016
Pukul : 12.00 WIB
Label : Syair Bahasa Indonesia

=======================================

Jauh dalam dekat
menelusiri pendakian singkat
coba menari diatas takdir yang tersurat
untuk menunjuk dua hal yang terlihat.

Sebuah titik jelas dalam angan
saat dengan sementara ditenggelamkan keinginan
saat sesungguhnya masih berhalusinasi dengan kenyataan
dan saat arti menjadi misteri putaran kehidupan.

Tak mudah berkata dan seakan hilang
mengukur sejauh peta kosong
memisahkan antara pudarnya sebuah ruang
dari kedekatannya antara hilang yang terbuang.

Itulah wujud yang mampu tergapai
itulah jawaban dari kata yang sempat menjadi sebuah ciri
dan disinilah semua waktu dimulai.

SAMPURASUN

SADAR DIRI

Senin, 11 April 2016

Judul : SADAR DIRI
Tanggal : 10 April 2016
Pukul : 20.00 WIB
Label : Puisi Sunda

=======================================

Sadar ngeunaan diri
nyanghareupan kaboga nu teu miboga
kalawan milik lain keur ngulik
nyaho teu ngulah nyarek
katangtuan bongan katanyaan heureuy
nungkulan panempo satukang poho.

Sadar alatan diri
lain kudu talatah ku titah
lain kudu neluh bongan ulah
dimangsa katilik sidik
nembongan ngingkig satungtung itung.

Lain hayang boga bari nyumput
tetela caang ku carana awas
poek ku cirina mongkleng
jati wujud patokan jadi
napakan jalan nu geus karasa.

Sadar diri lian mikeun
moal ka bere sakunaha nu ditarima
moal ka jawab sakunaha nu ditanya
moal ditempo sanaha jerona nyaho
sakumaha sadarna waktu mimiti.

SAMPURASUN

ALATAN BONGAN

Jumat, 01 April 2016

Judul : ALATAN BONGAN
Tanggal : 31 Maret 2016
Pukul : 20.00 WIB
Label : Puisi Sunda

=======================================

Bingung kalangkang kangkalung bugang.
kumaha ngajawab naha alatan cara.
papasten malikeun tanyakan bongan.
kapikir ku silih suluh najan sinembah.

Kagok maseuk mulak ku malik nu ngancik.
saling butuh mernah ngalinih manah.
kudu kumaha bati ngahana.
ngantos harewos tutungkus waktos.

Bet kandel ngigel cumantel kedal.
ku cara nu geus ka ala rasa.
jeung jangji nu ka impi-impi.
hampura sakumaha nu geus jadi rumasa.

SAMPURASUN

Blog Archive

Buah Pena